![]() |
| Ilustrasi |
Di Balandongan, aya dua urang tukang bubur, mitoha jeung minantu; Mang Kosih jeung Mang Didih. Mang Kosih mah salian kana dagang bubur, ogé sok diselang ku dagang kupat sayur. Malahan, dina méméh asup mangsa réformasi mah pernah dagang bubur jeung kupat sayur dibarengkeun. Sagorobag bisa dagang dua kadaharan anu béda.
Mimiti resep kana bubur téh dina taun 1984, ari kana lempah mah ti leutik ogé sok dipangnyieunkeun ku anu jadi nini. Meuli bubur isuk-isuk, ngahaja mawa réngkok ti imah, duit Rp.25,-. Ku duit sakitu, harita mah bisa meuli bubur hayam kana saréngkokna. Dagangna ogé masih ditanggung.
Resep mah lamun Mang Kosih dagang kupat sayur. Sabab, sangkan sayur kupat tetep haneut sok dipanaskeun ku areng anu ruhay. Isuk-isuk bisa ngadon ngahaneutan hela awak. Masih kaambeu kumaha seungitna haseup areng anu dibeuleum, malah mawa seungit kana sayur kupat anu manaskeunna ku areng mah.
Mang Kosih biasa mangkal dagang di handapeun tangkal nangka sirsak Kang Ganda. Wanci carangcang tihang geus digimbung ku kolot budak, anu ngadahar bubur di éta tempat, naragog atawa ngadon dariuk di luhureun jalan batu, can diaspal harita mah.
Teuing iraha jeung kumaha caritana, kadieunakeun mah bubur téh sok ditambahan ku karokét. Ongkohna deui dina mangsa krisis monétér harga bubur pipilueun naék tina Rp. 150,- jadi Rp.1.000,-. Lamun nénjo kana téori Keyness, geuning krisis monétér anu lumangsung dina taun 1998 téh geus meupeuh kana daya beli kacida rongkahna, daya beli masarakat turun nepi ka 667%. Hiji balahi anu rongkah anu ngalantarankeun geunjleung ékonomi di nagara urang.
Nepi ka kiwari, harga bubur Mang Kosih geus nepi kana harga Rp.5.000,- saréngkok, bisa jadi Rp.6.000,- lamun bubur hayam ditambahan ku karokét.
Mang Kosih boga minantu, ngaranna Didih, sakapeung sok disebut Edih, ngan ngaran landihan anu mindeng diucapkeun ku urang Balandongan mah nyaéta Si Gémbol. Aya carita jeung kasang-tukangna anu matak disebut Gémbol téh. Teu kudu dipedar di dieu.
Kang Didih ogé sarua jeung Mang Kosih anu jadi mitohanan, pakasabanna dagang bubur hayam. Ceuk kuring mah, kacida layeutna anu jadi mitoha jeung minantu miboga pakasaban anu sarua, malah track atawa jalur dagangna téh sarua. Bédana téh tempat mangkal dagang bubur, lamun Mang Kosih di handapeun tangkal nangka sirsak Kang Ganda, Kang Didih mah biasa mangkalna di hareupeun Madrasah Diniyyah.
Nya, teu béda jauh jeung mitohana, isuk-isuk geus diriung ku anu mareuli bubur. Barudak mah sok mareuli bubur Kang Didih téh réngsé ngalakonan pangajian subuh. Sok napuk, dariuk dina dipan warung Mang Karja (alm) atawa ngadon dariuk di lapang Madrasah Diniyyah bari galécok ngawangkong.
Cag ah..
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Tukang Bubur"