Carita: Dulang Nangkub

Taun 70-an katompérnakeun, jalan Balandongan anu brasna ka kampung Pasir Pogor masih mangrupa jalan taneuh anu dipinuhan ku jukut. Bagéan sisi jalan jadi pangliwatan geus ngawujud jalan satapak kusabab mindeng katincakan ku anu ngaraliwat, khususna urang kampung Pangkalan anu sarakola atawa ngahaja baralanja ka Warung Mang Ja’i.

Sawah upluk-aplak satungtung deuleu, kiduleun pilemburan katénjo ngabulao-na gunung-gunung. Sapanjang susukan gedé dipinuhan ku rupaning tangkal di antarana tangkal cau, tangkal kalapa, aya ogé tangkal palaning, jéngjéng, jeung randu. Sababarha tangkal anu ukuranna kawilang gedé sok dijadikan tempat eunteupna manuk.

Kaayaan isuk, wanci panon poé mimiti meleték, alam pilemburan éstuning pikabetaheun anu nyicingan. Sora manuk geus ricit patémbalan jeung kokotak jeung kongkorokna hayam. Para patani katinggali geus arindit ka sawahna séwang-séwangan, aya anu manggul pacul sabari ngajingjing cai entéh sakétél, laleumpang ngagandeuang dina galengan sawah, dina dirina dipinuhan ku sumanget jeung pangharepan keur ngaguar dunya ngais rejeki.

Sok sanajan pikabetaheun, di tiap wewengkon, mindeng ogé kacaritakeun aya tempat-tempat anu kawilang sanget jeung pikasieuneun. Hal ieu dilantaranekun, kusabab di sababaraha tempat sok aya rupaning kajadian anu matak teu kaharti ku pikir jeung kahontal ku akal. Éta lamun dimitoskeun. Ngan, ari tibanna ka jalma anu daék mikir mah, rupaning kajadian anu pamohalan kalamanan jeung anéh téh éstuning dianggapna mémang asup akal baé.

Umpamana, di hiji tempat anu dianggap pikasieuneun, sabenerna lain hal anéh kusabab di tempat éta memang harieum jeung pinuh ku rupaning tangkal. Atuh dina waktu peuting anu sakudunan kacaangan ku cahaya bulan téh. kusabab rapet ku tatangkalan, antukna cahaya teu bisa nembus ka éta tempat. Geus puguh, oyagna dahan jeung daun anu katebak angin ogé, ninggang katénjona ku jalma anu borangan mah disangkana aya makhluk anu keur gugupay.

Tapi, lolobana masyarakat leuwih percaya kana carita anu sumebar, yén sanget jeung pikasieuneunna hiji tempat téh kusabab aya anu ngageugeuhna, dicicingan ku mahkluk sabangsaning jurig, jin, jeung ririwa. Ulah jauh-jauh, sebut baé hiji tempat anu aya di kiduleun kampung Pangkalan jeung Balandongan nyaéta Dulang Nangkub.

Geus jadi sabiwir hiji, Dulang Nangkub katelah hiji tempat anu pikasieuneun, iwal hieum téh, kabeneran pernahna deukeut pisan jeung astana atawa kuburan umum. Tangkal gombong anu katebak angin disarada, kadéngéna ku budak anu borangan mah majar téh kawas sora orok anu keur pating darengeék ceurik. Sok sanajan masih beurang, sing saha baé anu ngaliwat ka Dulang Nangkub geus pasti ngarasa humar-hemir pacampur jeung sieun. Majar téh, bulu punduk ogé asa ngandelan, muriding, muringkak, jeung sok loba dédéngéan pacampur jeung téténjoan, pokona sagala katénjo, kalakay gombong anu murag ogé katénjona kawas aya makhluk anu keur ngajorélat.

Wanci tunggang gunung, para nonoman Balandongan di antarana Si Apud, Ocang, Aih, Sapru, jeng Oman geus saringkil. Baju nyetil, buuk laluis, sawaréh aya anu maké jékét. Geus disawalakeun ti saminggu ka tukang kénéh ogé, dina peuting ayeuna, éta para nonoman rék lalajo layar tancep ka Lembur Tegallaya.

“Urang-urang, kudu geus nepi ka Tegallaya saméméh magrib, euy!” ceuk Oman ka batur-baturna.

“Heueuh, ulah kapeutingan di Dulang Nangkub. Iyyy... amit-amit ari kudu panggih heula jeung jurig Dulang nangkub saméméh lalajo mah iyyy!” témpas Ocang.

“Tapiii, ari uing mah moal sieun da, sok sanajan kaburu wanci sareupna di Dulang Nangkub ogé. Tong disebut si Apud atuh ari ngan saukur kudu sieun ku jurig jeung ririwa mah,” Si Apud ngomong rada adigung. Tapi da aya benerna, manéhna mah katelah nonoman anu wanian. Barudak mah moal aya anu wanieun ngaliwat ka jalan anu brasna ka Susukan Gedé dina wanci peuting. Manéhna mah ngingkig wé sabari walahwah-weuleuhweuh nangtang gelut ka jurig anu aya di dinya.

“Ulah sompral teuing manéh téh, Apud. Bah Santa urang Pangkalan ogé nalika panggih jeung jurig Dulang Nangkub mah langsung ngaleketey leuleus kawas kapuk kaibunan!” Oman mapagahan.

“Alah, Man... manéh ogé ceuk ceunah nya. Kuring mah moal percaya kana carita sasaha lamun can bener-bener nénjo ku panon sorangan,” témbal Apud keukeuh kana pamadeganna pédah dirina rumasa wanian téa.

“Nya ari kitu onaman, uing teu bisa kukumaha,” Oman jebi. Ras inget kana carita Bah Santa téa, ceunah mah jurig anu aya di Dulang Nangkub téh awéwé sok maké baju beureum. Ngan lain jurig éta anu matak ahéng mah, tapi di éta tempat téh sok kawénéhan aya dulang emas anu nangkub di tengah jalan, cahayaan jeung caang mabra.

“Kalah ngalamun silaing mah Oman!” ceuk Aih. “Hayu ah, urang indit, bisi kaburu sareupna di Dulang Nangkub. Ngan sangkan laluasa, inditna ulah ngaliwatan ka Dulang Nangkub, urang kana galengan baé!” cek Aih deui sabari ngagandeuang leumpang, dituturkeun ku batur-baturna.

***

Teu kacaritakeun lilana di jalan, para nonoman Balandongan geus narepi ka Lembur Tegallaya. Kabeneran, harita keur usum katiga atawa halodo. Langit cangra teu kahalangan ku méga salambar-salambar acan. Lalay geus pating geleber haliber mapag alam anu rék asup kana wanci sareupna, wanci anu ceuk carita ti si nini mah, waktuna sandékala kalaluar. Tapi kusabab harita mah keur samen, kaayanan di Lembur Tegallaya éstuning haneuteun, ramé ku jalma-jalma; antara barudak anu samen, kolot-kolotna anu hayang lalajo, jeung tukang dagang anu ngéntép ngabaris sisi jalan. Keur tukang dagang mah, harita téh disebutna ogé poénan maréma.

Atuh réngsé magrib beuki komo, kaayaan éta tempat mingkin ramé, pagelek-gelek ku anu rék lalajo film. Lawon bodas minangka layar film geus dipasang ti beurang kénéh, méré béja ka sakumna anu aya di éta tempat yén film layar tancep téh pasti jadi diputerna. Si Apud katénjo pisan maceuhna, anu dagang ditanyaan: “Mang ieu sabaraha hargana?” kanu itu nanya deui, “Mang bisa teu hargana dikurangan!” tapi teu jadi ari meulina mah.

Maklum para nonoman, dina jajan ogé rada ancin, ceuk pikir maranéhna mending beulikeun kana ududeun. Ari kitu téa mah, anu ngaranna nonoman atawa pamuda kampung kaciri pisan mandiri-na, dina tiap lalajo jeung ngadatangan kariaan geus pasti tara kumawani punta-pénta duit keur bekel ka kolot-kolotna, tara nyusahkeun anu jadi kolot. Maranéhna mending usaha leuleutikan heula saminggu dua minggu mah, terus meunang duit keur bekel lalajo kanu samen jeung ka kariaan.

Teu karasa, wanci geus nuduhkeun janari leutik, Film bérésan, anu lalajo bubar, riab aya anu ka kidul, kalér, kulon, jeung wétan sabari aruplek ngobrol, ngomongkeun deui jejer atawa lalakon film anu tadi diputer. Sawaréhna aya anu masih pating jelepeng sararé di sisi jalan diamparan ku koran jeung samak. Jigana urang Tegallaya éta mah, anu kasaréan atawa ngahaja ngadon sararé di jalan. Teu melang da urang lembur pituin. Hawa tiris karasa nyelecepna. Jukut di sapanjang jalan Cicadas geus dipinuhan ku ibun.

Antara tunduh jeung sadar, para nonoman Balandongan baralik ti tempat kariaan. Asalna mah bareng jeung jalma-jalma anu baralik ka lembur-lembur anu kaliwatan, ngan lila-lila mah, nepi ka Pasir Pogor geus euweuh sasaha deui iwal maranehna. Jalan Pasir Pogor anu brasna ka Dulang Nangkub katénjo kawas pérak anu ngajelepeng. Dulang Nangkub katénjo ngabelegbeg, ku jalma anu borangan mah kaciri pisan kumaha perbawa éta tempat, ku ngabelegbegna ogé matak kukurayeun.

“Awas siah, entong lalumpatan, bisi cilaka ku polah sorangan, tuturkeun uing nya!” ceuk Apud, saméméh ngaliwat ka Dulang Nangkub ogé geus ngawanti-wanti ka batur-baturna.

“Heu..heu..heueuh, Pud!” Aih geus ngeleper mantén. Padahal ka Dulang Nangkubna ogé acan, kira-kira kana lima puluh méteran deui.

Puriding, punduk para nonoman Balandongan asa ngandelan waktu maranéhna geus aya di Dulang Nangkub. Cahaya bulan teu nembus da éta tempat anu katelah hieum jeung dipinuhan ku tangkal téa.

“Kuduna mah... u u urang urang téh balikna maké jalan anu tadi deui, ka sawah wé..!” Ocang hariweusweus, tagiweur antara sieun, melang, jeung rasa hanjakal.

“Tong ngomong waé, mending babacaan sabisa-bisa!” Ceuk Apud, ngaharéwos.

Teu minjeum panon batur, tapi éstuning ningali ku panon sorangan. Para nonoman Balandongan ngarénjag rareuwas, ngadak-ngadak kawas jaradi patung teu usik teu malik, ngajanteng di tengah jalan, molotot mata simeuteun. Si Apud anu tadi sompral jeung ngaku teu sieun ku jurig ogé arap-ap eureup-eup teu puguh, leungeunna nyekel kana leungeun Oman tarik nakeran. Di tengah-tengah jalan anu arék kaliwatan ku maranéhna katénjo aya hiji pakakas mirip jeung dulang anu keur nangkub, warna konéng emas, cahayaan, mabra nyaangan éta tempat, gugurilapan kawas cai anu kasorot ku cahaya srangéngé.

“A...a a.... aduhhh urang kkkkkudu kumaahung eh kumaha ieu teh!” ceuk Aih. Hayang lumpat ngan kawas anu béakeun tanaga, soak dadak sakala. Suku ngadadak nyorodcod ngeleper teu sakara-kara.

“Lllu llumpat yuuuu, daakkkkk. Ngan kabeulah manaaaaa!” Apud ngawani-wanikeun manéh rék lumpat, tapi bingung kudu kabeulah mana lumpatna.

Keur mah manggih anu ahéng, gorobas tina hiji rungkun aya sato anu kaluar. Nyaéta bajing.

“Juuuujurigggggggggggggg!” ceuk Aih, leketey manéhna nambru. Nu séjén beuki riweuh teu puguh.

Cikikik aya anu seuri teu jauh tina palebah dulang emas anu keur nangkub téa.

“Arék ka marana maranéh téh?” pok anu nyikikik téa, katingali aya dedegan hiji awéwé ngan kurang jelas, maké baju beureum.

“Lummmmmmmmmpattttttttt, jurigggggggggggg!” si Apud lumpat ke beulah kidul, balik deui ka Pasir Pogor, titatarajong lumpatna oge. Tunggul dirarud catang dirumpak, teu tolih kana tincakeun.

Atuh batur-baturna ogé pipilieun lumpat, nuturkeun Si Apud. Aih anu ngarumpuyuk ogé ngadadak jagjag deui.

“Apuddd tungguan, kéhéd!” kabéh lumpat ngudag di Apud. Blag blig blug, para nonoman dariuk meubeutkeun awakna séwang-séwangan kana jalan taneuh anu dipinuhan ku jukut, teu paduli jukut geus baseuh ku ibun ogé. Teu dirasa.

Keur meujeuhna capé, kabaneran harita aya anu mancén ronda, keur ngider ka éta tempat. Aya kana tilu urangna, marawa colén atawa obor.

“Aéh, ujang, keur narahaon maranéh ngadon dariuk di dieu?” tanya saurang Ronda.

“A a ayaa jurig mang... di ditu! Kuring jeung batur-batur lumpat deui ka dieu... !” si Apud masih gugup pacampur jeung reuwas.

Hasil badami para patugas ronda, para nonoman dititah saré di pos ronda Pasir Pogor. Balikna mah bisa isukan wanci haneut moyan. Para pamuda kacida aratoheun, da ceuk pikirna tibatan kudu balik ka Balandongan ngaliwatan Dulang Nangkub, mendingan saré di pos ronda sanajan hareurin ogé anu penting teu panggih jeung jurig.

***

Mangsa kiwari, kuring diuk dina dipan salah sahiji warung anu aya di Dulang Nangkub. Séréngéh seuri sorangan lamun inget kana dongéng anu dicaritakeun ku si nini ngeunaan ieu patempatan dina mangsa sababraha taun ka tukang. Jalan anu kungsi diliwatan ku para nonoman Balandongan, ayeuna mah geus diaspal, leucir pisan. Dulang Nangkub geus caraang jeung teu pikasieuneun deui, malahan di ieu tempat pisan geus mimiti diwangun Gedung Koperasi Mérah Putih, aya ogé wangunan anu biasa digunakeun calagara hajatan, saleuwihna mah warung jeung béngkél geus ngaramékeun ieu tempat.

Carita dulang emas anu sok kawénéhan ku masyarakat nalika laliwat ka ieu tempat, kiwari geus jarang didongéngkeun deui. Mangsa ayeuna mah, masyarakat leuwih mindeng nyaritakeun kasus jeung kajadian anu lumangsung jeung dialaman ku jurig dina bentuk anu séjén, nyaéta manusa-manusa anu kalakuanna teu jauh béda jeung jurig. Malahan kalakuanna téh sok nyangsarakeun rahayat alabatan jurig anu sok aya di Dulang Nangkub. Cag!

Posting Komentar untuk "Carita: Dulang Nangkub"