Photo: Istimewa
Pa Ajum boga ngaran pituin Jumyati, lain guru tapi Tanaga Atikan. Harita, malahan nepi ka kiwari ogé disebutna TU atawa Tata Usaha. Loyog jeung sebutanna, Tata Usaha, widangna ngurus-ngurus administrasi sakola; ti mimiti SPP atawa bayaran, Dana Sumbangan Pendidikan atawa uang bangunan, nepi ka pasualan béasiswa.
Tiap tanggal 10-15, Pa Ajum nguriling ka tiap kelas, ngumumkeun saha baé siswa anu can bayaran. SPP kudu geus kabayar saméméh tanggal 10, kitu seratan anu kaunggel dina kartu SPP mangsa harita. Teu mahal teuing ari di sakola nagri mah, harita ogé sabulan ngan kudu mayar Rp. 2.500, lamun dibagi 30 ninggang Rp 80 pérak sapoéna. Ngan ku ukuran mangsa harita mah, duit 80 pérak ogé masih bedas jeung bisa dibelikeun kana kurupuk-kurupuk baé mah.
Pa Ajum mangrupa pagawé anu kawilang getén jeung tenget kana pasualan administrasi. Apal cangkem saha baé anu can bayaran sakola jeung apal ka saha baé anu masih can ngalunasan ‘uang bangunan’, apal pisan deui ka para pamilon atikan anu can ngalunasan administrasi nalika arék dilumangsungkeun ulangan seméster (sumatif).
Ngan, Pa Ajum teu kasar, teu kawas Debt Collector komo Morbag mah. Dina nagih ka para pamilon atikan anu can bayaran ogé tara maksa komo dibarengan ku ngéra-ngéra barudak. Paling ogé nyarita kieu: “Énggal nya tawur!”
Nalika seméster I, kuring diangkir kudu ka TU ku Pa Ajum. Kuring tangtu baé kerung, da bayaran geus réngsé saméméh tanggal sapuluh ogé. Pa Ajum ngomong, “Warsa, bakal kéngéng béasiswa ti Bu Tien Soeharto, ageungna sa-seméster téh 150 rébu!” Lamun dikonvérsikeun dina mangsa kiwari mah kurang leuwih 1,2 jutaan. Da sadolar ogé masih Rp. 2.000.
Anu ngurus-ngurus administrasi keur nyieun rekening ogé Pa Ajum sorangan. Kuring diajak ka Bank, nanda tangan, ngan iraha-iraha rék nyokot duit mah kumaha kuring baé, kitu ceuk Pa Ajum.
Nya, salila sakola di SMP N 3, salila tilu taun, kuring nampa béasiswa ti Bu Tien Suharto, syaratna nyaéta peunteun 4 mata pelajaran; B. Indonesia, B. Inggris, Fisika, jeung Matématika kudu 9. Lamun aya anu turun niléyna, béasiswa pasti dicabut.
Pa Ajum tara kumawani punta-pénta sok sanajan boga jasa ngajeujeuhkeun kuring meunang béasiswa. Ku kuring kungsi ditawaran: “Pa ieu hatur lumajeng kanggo ngagaleuh roko!” Jawabna singket, “Anggo wé kanggo nawur buku pakét!”

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Ajum"