OPTIMIS PESIMIS, HARÉ-HARÉ


Teuing rék kumaha jadina ieu nagara. Keur anu masih kénéh boga harepan, dina haténa masih neundeun optimisme anu rongkah, cenah dina hiji mangsa mah ieu nagara téh bakal cageur deui, sabihara-sabihari, malah bakal makalangan deui saperti sababaraha taun ka tukang. Cek anu pesimis, dikumaha-kumaha ogé, ieu nagara moal bérag deui, anu jelas mah bakal beuki nyuksruk kana jurang, da geus puguh karasa, urang téh ayeuna keur hirup dina sisi gawir anu lungkawing bari hantem-hamteman disuntrung-suntrung ku kaayaan. Malah dina waktu anu bakal deukeut mah, lain saukur disuntrungkeun ku batur, jigana ngajongklokkeun diri kana jurang ogé bakal dilakonan.

Salian ti éta, teu saeutik ogé jalma anu haré-haré, antepan, teu kapangaruhan ku kaayaan, cek maranéhna mah, najan zaman geus édan-édanan ogé teu mawa pangaruh keur maranéhna dina nedunan kawajiban. Hirupna lempeng, teu mangaruhan kana kaayaan ogé kapangaruhan ku kaayaan. Anu jadi sual, naha aya jalma modél kieu? Meureun dina ayana ogé, siga alus padahal can tangtu alus. Sabab, sakur jalma sok sanajan maranéhna alus dina nedunan kawajiban ka anu Maha Kawasa, tapi ngapilainkeun kana kahirupan dunya, cek Agama mah can tangtu bener. Tasawuf dina Ajaran Islam lain saukur hirup rudin, maké baju basajan. Tasawuf dina ajaran Islam mah léngkah anu sarimbag antara minuhan eusi beuteung, eusi sirah , jeung eusi haté.

Keur golongan jalma anu ka-hiji. Maranéhna boga pamadegan, kahirupan lain saukur dieusi ku kembang pasrah kana takdir gusti. Manusa boga kakuatan anu kudu dipaké keur ngarobah nasib. Optimisme mangrupa bedil anu bakal némbakan karipuhan jeung masalah anu keur kaalaman. Sumanget hirup, harepan, asa, cita-cita, jeung kamajuan jadi motor anu ngagerakkeun manusa. Lamun teu kitu? Urang bakal kalindes ku zaman, kamajuan zaman bakal maténi urang, malah ékstrimna mah, urang anu bakal maéhan diri sorangan ku hal-hal anu aya patula-patalina jeung kamajuan zaman.
Masalah anu keur kaalaman ku nagara urang, samodél Korupsi, Kolusi, nyogok kaditu ka dieu, koropokna méntal rahayat jeung pajabat, lain mangrupa masalah gedé tur teu bisa dioméan. Kabéh ogé bisa dibenerkeun lamun urang boga sumanget keur mémérésna. Maranéhna teu saukur boga téori-téori, ogé geus ngecemplungkeun diri kana gawé nyata. Ngeunaan rék hasil atawa henteuna teu nanaon, anu jelas maranéhna geus ulubiung dina raraga mémérés kaayaan- karuksakan- ieu nagara.

Béda jeung pikiran jalma-jalma anu hirupna dipinuhan ku usum pesimis. Nagara urang bener-bener geus ruksak, lain saukur struktur anu katénjo wungkul, ogé geus ruksak kana substansi-substansina, lamun dina tangkal mah, geus bener-bener paéh, tong boroning manuk, dalah anu ngaranna hileud ogé can tangtu daéukeun eunteup dina éta tangkal paéh. Maranéhna ngagambarkeun, tibatan kudu cicing di ieu nagara, ngalakukeun usaha keur ngubaran ogé can tangtu hasil, saukur miceun tanaga, mendingan cicing, atawa indit ka nagara séjén anu kahirupanna leuwih alus tibatan nagara sorangan.
Cai sakulah anu geus dipinuhan ku racun, kumaha rék bisa dijadikeun deui cai anu beresih? 
Pamadegan jalma saperti kieu Ieu aya dina kahirupan urang sapopoé, jalma-jalma modél kieu aya di zaman ieu, jigana jadi mayoritas pangeusi ieu nagara. Naha maranéhna salah? Dina ha lieu, keur ngajelaskeun méntalitas, urang teu dimeunangkeun lamun saukur meunteun jalma ku bener atawa salah, sabab kabéh ogé teu leupas tina causalitas, aya sabab jeung akibat.

Ngeunaan méntalitas, kaciri dina naon anu dihasilkeun ku bangsa urang. Tong jauh-jauh, hayu urang titénan kumaha méntalitas anu keur lalajo maén bola. Bangsa urang, lamun rék dibandingkeun jeung nagara-nagara anu leuwih maju dina ngalalajoan maén bal, geus jauh béda. Teuing pédah urang cicing di wewengkon tropis anu panas, dina lalajo maén bal komo lamun tim anu dibobothanna ngadon kéok, hese rék narimakéun éléh. Bobotoh kacapé-capé gogoakan, teuing hayang naon,kari-kari tim anu dipunjung-punjungna éléh ku batur. Kusabab embung éléh, anu sakuduna urang jembar haté narimakéun éléh, keur miceun kakeuheul, naon anu aya di stadion dipangpéngkeun, pepetasan dibabétkeun ka lapang, korsi diduruk, pager diruntuhkeun, geus puguh omongan mah geus teu dierém deui, sagala dibudalkeun. Lain anu distadion wungkul, anu keur lalajo dina TV ogé pipileun ambek, sakapeung mah sok asa anu pangbisana, nyebut ka wasit GOBLOG, ka pelatih euweuh kaberék, atawa ka Pamaén anu euweuh kabecus. Ngahina jeung ngalédékna téh bari ngopi, ngudud, jeung gogoléran dina samak meunang nganjuk/ ngiridit biasana, malah TV anu dilalajoan ogé meunang ngiridit.

Méntalitas, kieu lain saukur dipiboga ku jalma anu keur ngalalajoan maén bal. Ogé ngawujud dina kahirupan urang sapopoé. Geus puguh ari dina khirupan politik bangsa mah, da kabéh ogé euweuh anu hayang éléh, hayang pada meunang. Nénjo kahirupan samodél kitu, jalma-jalma pesimis saukur bisa ngagerendeng, bener…. Ieu mah geus moal bisa diomékeun deui. teu salah lamun maranéhna boga pamadekan samodél kitu, kusabab nénjo kana kaayaan.

Tapi sanajan teu salah, maranéhna ogé geus jadi hal anu ngakibatkeun ieu nagara teu cageur-cageur.
Keur jalma anu haré-haré, teu kudu pipilueun, keun baé, urang mah kudu boga pikiran katégoris, tong ngahubung-hubungkeun hiji kajadian kana kajadian anu séjén, euweuh rélévansina antara nagara anu geus ruksak jeung beuki jauhna jalma kana ajaran agama. Cek maranéhna meureun pikiran kitu téh bener, ngan can tangtu bener. Salah? Sarua, urang ulah nyebut lamun pamadegan samodél kitu téh salah. Ieu teu leupas tina pangaruh kotorna kahirupan. Katénjo, sabenerna antara anu pesimis jeung haré-haré teu jauh béda, lamun anu pesimis mah boga anggapan… rék diobatan atawa henteu ogé nagara urang mah bakal beuki parna, sedengkeun keur jalma anu haré-haré, tibatan pipilueun ngubaran nagara, komo ngecemplungkeun diri kana kulah anu geus dipinuhan ku racun leuwih hadé hirup kucara séwang-séwangan.

Naon anu bisa dilakukeun jeung geus dipilampah ku nagara lamun nénjo kana kaayaan kieu? Hiji kaayaan anu rahayatna geus paburincay kusabab diwilah-wilah ka kajahatan anu dipilampah ku élit-élit nagara?

Tujuan ayana nagara , sakumaha anu ditulis ku Plato dina Buku Republic, salah sahijina keur mawa rahayat kana kahirupan anu lugina. Lugina dina harti lahir jeung bathin. Kabéh ogé, ti mimiti pamaréntah anu ngajalankeun ieu nagara, jeung rahayat anu jadi pangeusi ieu nagara, boga anggapan anu sarua. Hiji hal anu mawa kana karuksakan, lain disababkeun ku goréngna aturan, tapi dipangaruhan ku jalma anu nyieun jeung ngalanggar éta aturan. Lain nagara anu ngaruksak urang, tapi nagara anu diruksak ku urang.

Jalma optimis bakal hantem-hamteman migawé tarékah sangkan ieu nagara cageur deui. lolobana maranéhna jalma-jalma anu cukup ku harta ogé harti. Jalma pesimis boga anggapan, dikumaha-kumaha ogé jalan anu alus mah nyaéta nyingkahan ieu nagara, ngan hanjakal lolobana dieusi ku jalma-jalma anu teu dipinuhan ku harta ogé harti, antukna maranéhna kajebak ku pikiranna sorangan. Jalma anu haré-haré dina mandang ruksakna ieu nagara, maranéhna hirup matuh di ieu nagara tapi teu mawa pangaruh ogé kapangaruhan ku ruksakna ieu nagara, maranéhna lolobana dieusi ku jalma-jalma fatalis, sumerah ka anu Maha Kawasa tapi ngagunakeun jalur sufisme anu teu loyog jeung aturan hirup.

Ngan, cek kuring mah, dina hiji mangsa… ieu nagara bakal cageur deui. Geus pasti, anjeun nyangka lamun kuring abus kana golongan jalma anu optimis, kitu?

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "OPTIMIS PESIMIS, HARÉ-HARÉ"