NGARAWAT ATLET

Keur maén bal di jaman ayeuna, barudak geus leungiteun tempat, di mana kudu maén bal ari lain di jalan atawa di sawah anu garung mah. Kajadian ieu, lumangsung ti taun 2009 nepi ka ayeuna, utamana keur barudak anu aya di daérah kota. Pamaréntah mémang geus méré hiji kawijakan, taun 2010 kalawan kawijakan ti Kementrian Pemuda dan Olahraga, tiap kecamatan di Kota Sukabumi dihancengan anggaran keur ngawangun lapang-lapang maén bola tingkat kecamatan. Ieu mangrupa iber alus, sok sanajan dina prakna pangwangunan dipigawé ku ormas-ormas atawa OKP-OKP anu lain tugas maranéhna ngagawéan masalah-masalah pangwangunan.

 

Teu leuwih ti sataun, lapang-lapang maén bal tingkat kecamatan geus ngawujud, sebut baé lapang Katél, Lapang Kibitay, jeung lapang Gajah. Ukuran lapang mah mémang bisa disebut geus loyog jeung ukuran internasional, ngan tina palebah kualitas lapang baé meureun anu masih perelu diropéa deui. Nya keur ukuran barudak mah, da puguh lain pamaén bal profésional, minimal aya lahan keur maén bal sanajan saminggu sakali ogé.

 

Dua minggu ka tukang, di Kota Sukabumi diayakeun Pekan Olahraga Kota (PORKOTA), ceuk Bapa Walikota, salah sahiji tujuan utama diayakeunna PORKOTA téh keur ngagali poténsi piatléteun, keur ngalahirkeun binih-binih atlét di Kota Sukabumi. Hiji hal anu alus salila hasil tina PORKOTA ieu dirojong jeung dituluykeun ku sikep pamaréntah ogé masyarakat dina ngarojong atlét-atlét anu geus boga préstasi dina PORKOTA kamari.

 

Sababaraha wawakil ti tiap Kecamatan méré kamandang anu sarua, nalika pamaréntah masih can bisa nyadiakeun fasilitas-fasilitas olahraga di  tiap kecamatan nepi ka kelurahan, keur ngalahirkeun atlét-atlét anyar anu pinunjul téh jigana masih mangrupa hiji fantasi.  Dina PORKOTA baé, teu saeutik kecamatan anu kudu nga-booking sababaraha atlét anu asalna ti luar Kota Sukabumi. Olahraga futsal anu ayeuna keur jadi primadona jeung dipikaresep ku barudak, sabab di sababaraha tempat fasilitas olahraga ieu geus réa. Béda jeung olahraga séjénna.

 

Ngeunaan fasilitas olahraga, sabenerna lamun urang keyeng jeung daék mah, di tiap sakola ogé geus disayagikeun fasilitas, sarana jeung prasarana olahraga. Malah sababaraha sakola di Kota Sukabumi  geus aya anu boga Gelanggang Olahraga. Di sakola-sakola ogé aya ékstra-kulikuler olahraga; baskét, volli, taekwondo, karaté, jrrd. Lain saukur ékstra-kulikuler, apan salah sahiji widang atikan di sakola ti mimiti SD nepi ka SLTA téh aya Penjaskes anu baheula mah disebutna ORKES. Téori-téori olahraga diajarkeun ka para pamilon atikan. Jadi, keur numuwuhkeun binih-binih atlét mah, meureun urang téh geus teu kudu sarwa kakurangan deui.

 

Sikep goréng anu salila ieu dipiboga ku urang ngan hiji, urang – utamana Pamaréntah – kurang dina ngaraksa jeung ngarawat binih-binih atlét anu sakuduna dimumulé sakumaha para patani ngarawat kana tatanén. Lamun arek dibandingkeun jeung nagara-nagara deungeun, nalika dina hiji pasanggiri aya hiji atlét atawa binih atlét anu pinunjul, langsung dirawat jeung diaping ku pamaréntah, nepi ka si atlét téh ngawujud jadi atlét tulen. Geus teu kudu dicaturkeun, lain saméméh jadi atlét wungkul, dina geus pangsiunna ogé pamaréntah kudu bener-bener merhatikeun kana kahirupan sapopoé si atlét. Ulah nepi ka aya béja, atlét anu geus méré emas dina SEA Games, hirupna teu puguh, keur nyukupkeun kulawargana kudu apruk-aprukan jadi babu jeung tukang nyeuseuh.

 

Salila pamaréntah teu bisa nedunan hal ieu, méré harga anu leuwih ka para atlét jeung binih-binih atlét, tong gedé miharep lamun dina hiji mangsa olahraga di urang bakal pinunjul deui. Dina mangsa anu bakal datang, jigana barudak urang bakal leuwih milih jadi anggota Déwan daripada kudu jadi atlét mah. [ ]

 

KANG WARSA

 
Dikirim dari Windows E-mail
 

Posting Komentar untuk "NGARAWAT ATLET"