Jalma-jalma modél urang mah ngan karék resep nepi ka wawacan wungkul dina milampah kaalusan. Béda jeung Abah Uman (alm), hiji kolot anu masih kumelendang di Balandongan nepi ka tungtung taun 80-an. Harita, kuring karék nincak kelas 4 SD.
Kacaritakeun, naon anu katénjo ku diri sorangan. Abah Uman boga pasifatan anu langka dipiboga ku jalma séjén, jalma satingkat Kyai atawa muallim ogé jigana moal bisa nandinganna. Dina ucapan can pernah ngaluarkeun kecap kasar tur garihal, sok sanajan keur dina kaayaan ambek, ah da asa tara ngambek kétah.
Sopan jeung handap asor lain diréka-réka, éstu kaluar tina haté anu beresih. Bakating ku sopan, kana hulu peda ogé apan nyebut: Mastaka Peda. Ka anak lélé nyebut Putra Lélé. Ceuk undak-usuk basa mah mémang teu nyurup, nyaruakeun sato jeung jalma – saluhureun.
Lamun dijéntrékeun mah ucapan Abah Uman téh kieu: “ Abdi mah neda téh sareng mastaka peda, baé.” Atawa , “ Badé ka sérang, badé nyair putra lélé..”
Lain kitu wungkul, ka anjing jeung ka ucing ogé nyebut ujang. Pernah aya hiji anjing dibéré ngaran Si Boma, ngiginclik ka mana Abah Umah indit, siga Si Tumang ngunguntit Sangkuriang. Ka kuring pernah ngomong: “ Abah badé jalan-jalan sareng Ujang Boma..!”
Lain dina ucapan wungkul sopanna téh. Dina réngkak paripolah ogé euweuh cawadeun. Disebut naon baé ku batur narimakeun, lamun aya anu nyarékan dijawab ku ucapan: “ Oh, leres… Abah anu lepat.”
Unggal poé boga pagawéan matuh, tara waka kaluar ti masjid saba’da ngalakonan Sholat Subuh, kaluar-kaluar ti masjid lamun geus réngsé nedunan Sholat Dhuha, tuluy beberesih di masjid. Sakapeung mah tara éra ngabersihan sisi jalan, runtah dipulungan diasup-asupkeun kana carangka.
Ayeuna mah geus jarang pisan jalma saperti Abah Uman. Komo di jaman nalika media sosial geus jadi kiblat kahirupan. Jalma geus teu hariwang dina nyawad jeung ngagogoréng batur. Nya alesanna mah koréksi atawa kritik membangun.
Nénjo batur maju, dina ati kaluar sikep dengki kadieunakeun mah ditambahan ku goréng sangka. Urang – ka asup kuring sorangan – jadi jalma anu resep ulukutek dina wawacan , diskusi, ngawangkong henteu bérés-bérés tibatan ngalakukeun hiji hal anu leutik tapi mangfaat.
Caritana mah loba jalma anu totolosoan, siga jalma anu pangseng hayang miceun dina nanjeurkeun hukum-hukum Gusti Alloh. Sedengkeun, Abah Uman anu teu apal naon anu disebut ideology, politik, pencitraan , jrrd geus leuwih tiheula nanjeurkeun Hukum Alloh. Hadé ka sasama, handap asor, nepi ka nyebut Ujang ka sato ogé.
Geuning, nanjeurkeun hukum Alloh mah teu kudu hésé-hésé, teu kudu loba berwacana, teu kudu loba rétorika, malahan teu kudu make jalan popolitikan, cukup ku ngamalkeun ahlak anu hade. Oh, éta mah ngan sawaréh atuh, da kudu kaffah dina nanjeurkeun hukum Alloh mah! Hukum anu mana deui? Da geus jelas substansi hukum Alloh mah, nalika urang diciwit nyeri ulah resep cuwat-ciwit ka batur.
Béda deui lamun geus kaluar tina tetekon, tapi geus kaancikan ku politik aliran atawa sikep politik, hukum Alloh anu sifatna transéndén téh bakal dioprék ngahasilkeun hukum positif, atuh ari kitu mah sarua baé, geuning sagala rupa lamun ngaliwatan hasil pamikiran keur ngalahirkeun konsénsus, keur ngawangun katartiban sosial, hakékatna éta geus nanjeurkeun hukum Alloh. Siga para Founding Father ieu nagara anu ngabetuskeun lima sila jeung UUD 45, sabenerna geus nyoba nanjeurkeun hukum Alloh.
Sarua jeung Abah Uman anu henteu kudu diolo ku kasejahteraan hirup, ku harga-harga bakal stabil, tapi geus nanjeurkeun hukum Alloh di luhureun bumi.
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Abah Uman"