Adéan Ku Kuda Beureum



Ngabandingkeun kaayaan ayeuna jeung mangsa dua puluh taun ka tukang geus tangtu béda. Ieu mangrupa hiji hal anu pasti, hirup jeung kahirupan pasti robah. Arék kaayaan fisik, sosial, ogé budaya di hiji wewengkon. Para ahli masih kénéh can saklek, anu ngabalukarkeun robahna kahirupan lingkungan téh dilantarankeun ku masyarakat sorangan atawa ku lingkungan . Jauh saméméhna, John Locke jeung Immanuel Kant méré kamandang anu béda. Ngan kadieunakeun Maslow ngamandangkeun hiji téori anu disebut konvergénsi, masyarakat jeung lingkungan silih pangaruhan. Faktana, masyarakat jeung lingkungan mémang pasti jeung tangtu robah. Lamun digambarkeun ku kurva mah, mangrupa kurva anu lempeng, beuki naék robahna bakal dituturkeun ku robahna hal séjén.

Taun 1990an, di wewengkon Sukabumi, can pati mahabu masarakat anu boga TV. Média Massa éléktronik anu dipiboga biasana radio. Nya, bisa disebut wajar, sabab, kamajuan téknologi can nepi ka kawas kiwari. Informasi, iber, jeung hal anu patula-patali jeung dunia luar dikanyahokeun ku masarakat teu pati mahabu kawas kiwari. Hirup masarakat, sakumaha téori Gammeinschaft-na Ferdinad Tonnies masih raket ku duduluran, paguyuban, anu ngawangun hiji masarakat komunal.

Dua hal dihasilkeun ku kaayaan samodél kieu; kahiji, kahirupan masarakat masih miboga hubungan anu kuat, kohési sosial ditangtungkeun ku tali duduluran, sagala masalah dibéréskeun kalawan dibasakeun , pasoalan-pasoalan hirup dirembugkeun nepi ka ngahasilkeun hiji hal idéal; saluyu jeung akur, ditarima hasilna. Réalitas kahirupan samodél kieu mémang katénjona hal anu paling dipikahayang. Kadua, miboga akibat goréng, masarakat komunal bakal leuwih percaya ka paguyubanna sorangan, ruing mungpulung di lembur, méré kamandang curiga ka paguyuban-paguyuban di luar paguyuban dirina. Teu anéh lamun antara taun 1980-1990an, tiap aya kariaan arék film layar tancap atawa dangdutan sok dipapaésan ku papaséaan. In Group jeung Out Group ogé geus aya ngan skalana leuwih gedé, ngalibatkeun pranata sosial anu leuwih kompléks nyaéta LEMBUR.

Jaman modérn, gédé dipangaruhan ku sikep Gesselschaft, hirup masarakat geus séwang-séwangan. Dua hal anu dibalukarkeun ku kanyataan hirup samodél kieu; ayana profésionalisme jeung pragmatisme dina kahirupan. Hukum anu loyog keur kahirupan modél kieu nyaéta hukum pasar, untung jeung rugi. Paguyuban jeung pranata sosial anu kompléks ngawujudkeun diri kana pranata-pranata sosial anu leuwih leutik; Ormas, OKP, LSM, jeung géng. Kohési sosial dina kahirupan masarakat modél kieu diraketkeun lain ku tali duduluran tapi ku hal anu  bakal nguntungkeun atawa moal nguntungkeun, arék untung kalawan finansial ogé untung kalawan moral.

Kanyataan-kanyataan kahirupan, téori mana baé ogé anu dipaké, teu jauh tina akibat alus jeung goréng. Kusabab anu ngaranna hirup mah terus maju, hiji hal anu teu bisa ditolak nyaéta; kahirupan bakal terus béda ti mangsa ka mangsa. Hal-hal anu disebut idéal dina hiji jaman can tangtu disebut mangrupa hal idéal di jaman anu séjén. Rélativitas Eisntein mémang pantes diterapkeun kana kaayaan jaman/masa anu sifatna henteu statis. Kamandang antara kaum idéalis jeung réalis nepi ka danget ieu masih diadu renyomkeun. Kaum idéalis tetep kana pamadeganna, idé-idé jeung pikiran anu idéal mangrupa hiji hal idéal, moal robah nepi ka iraha ogé, siga bener jeung salah. Sedengkeun kaum réalis méré kamandang, hirup kudu nyurup jeung réalita, kudu bisa ngigelan jaman, da kanyataan hirup mah hal anu keur kaalaman ayeuna, lain ku sasaha.

Aya tékad alus, dina taun 1930-an sanggeus Révolusi Bolshevic, nagara-nagara Komunis ngarembugkeun kamandang jeung téori naon anu sakuduna dipaké ku nagara-nagara Komunis saperti Soviet jeung nagara-nagara satelitna. Nepi ka dikamandangkeun téori anyar; Réalisme sosial, ngutamakeun némbongkeun hal-hal anu sakuduna dina kahirupan. Réalisme sosial bral ka alam dunya dipangaruhan ku beuki mahabuna /dominasi jeung hégémoni kapitalisme, minuhan tiap juru kahirupan. Aliénasi anu beuki karasa ku jalma-jalma, nalika jalma boga pikiran jeung idé hadé tapi hasilna lain dipaké ku éta jalma. Jalma minuhan pabrik, tapi jalma teu bisa ngarasaan kumaha ngeunahna naon-naon anu dihasilkeun ku dirina. Nalika di bayar ogé, naon anu ditarima henteu loyog jeung késang atawa tanaga anu geus dikaluarkeun. Ceuk kamandang kaum Réalisme Sosialis, dunya geus leungiteun nurani ogé haté. Hiji kamandang anu sabenerna patukang-tonggong jeung idéologi komunis ngeunaah hal-hal bathiniyyah. Tapi jalma, tetep butuh hiji hal anu aya patula-patalina jeung hal bathiniyyah ogé rasa.

Pangaruh réalisme sosial ieu sumebar ka wewengkon-wewengkon Asia Afrika anu harita masih aya dina kakawasaan pamaréntah kolonial. Kolonialisme jeung impérialisme dianggap dua paham anu geus ngaruntuhkeun hal-hal idéal salaku manusa. Kanyataan hirup jeung naon anu dipihayang aya dina dua kutub anu patukang-tonggong. The State Wellfare, téori Adam Smith anu sakuduna dipaké keur kamaslahatan umat manusa ngan saukur dipaké alat keur ngalégitimasi sahna kasarakahan bangsa-bangsa Eropa dina ngeruk jeung ngeduk poténsi alam anu aya di wewengkon jajahan. Kecap jajahan sorangan geus patukang-tonggong jeung téori Kamakmuran hiji Nagara.

Dina mangsa harita pisan, tokoh-tokoh nasional di Hindia Belanda ngabetuskeun hiji kanyataan, kumaha réalitas anu sabenerna kahirupan di nagara; jalma dibagi kana kelas-kelas sosial, martabat jalma dibédakeun kusabab warna kulit, turunan, jeung naon anu dipiboga. Kamakmuran hirup anu diiberkeun ku pamaréntah kolonial ka Ratu Wilhelmina di Walanda saukur carita bohong, da buktina anu ngarasa cukup jeung ngeunah dina nyanghareupan hirup ngan dua kelas; bangsa Walanda jeung kaum Priayi. Multatuli ngébréhkeun dina Max Havelar, di Hindia Belanda, 50juta rahayat leutik ditindes ku pamaréntah kalawan nyebut (ngatasnamakeun) Ratu Wilhelmina.

Rahayat barontak. Hal-hal idéal anu sakuduna kaalaman ku masarakat jeung rahayat leutik kudu kasorang lain ngan kaalaman ku salah sahiji golongan. Pranata sosial mangrupa partai politik, Organisasi Kaagamaan, mahabu, rupa-rupa idéologi dijadikeun fondasi hiji organisasi. Kabéh ogé sabenerna nurub-cubu kana pamaksudan ; hiji hal anu samistina (idéalisme). Rahayat Indonesia kudu beunta, kudu ngaleupaskeun diri tina cekékan kaum kolonial. Kudu merdéka, sabab merdéka mangrupa hiji hal anu dipikahayang ku sasaha ogé.

Robahna jaman, mangsa, orde, pamaréntahan kabéh ogé méré kamandang keur nanjeurkeun hal-hal anu sakuduna, hal anu sifatna normatif. Lamun rasa gula amis, nya kudu dirasakeun amis kunu séjén, ku sakabéh rahayat. Sagala rupa kudu écés, jéntré, ulah aya hal anu disumput salindungkeun. Ngan, nepi ka iraha ogé, anu ngaranna masalah, kanyataan anu patukang-tonggong jeung hal-hal normatif geus pasti aya. Ti saprak nagara ieu merdéka, naon anu dicita-citakeun jeung diamanatkeun dina Undang-Undang Dasar baé loba anu teu saluyu jeung kanyataan hirup. Lamun mangsa pamaréntahan Hindia Belanda, musuh katénjo bungkeuleukanna, jalma-jalma anu ngahianat katénjo jirimna, dina alam sanggeus merdéka mah musuh nagara bisa nyebut jadi abdi nagara malah disebut-sebut salaku bangsawan.

Lingkungan samodél kieu geus pasti gedé pangaruhna kana sikep jeung tabéat rahayat. Rahayat loba anu ngarasa héran, nagara anu sakieu lubak-libuk ku sumber daya alam tapi kudu unjam-injeum ka nagara séjén, béas kudu ngimpor, kacang ogé kudu ngimpor ka nagara deungeun. Di lembur mah aya paribasa: “ Ari endog dijual, leunca dibeuli!” Hartina, hal anu alus jeung gedé ajénna dijual ka bangsa deungeun, hal anu henteu sapira ku bangsa urang dibeuli, malahan diagul-agul, adéan ku kuda beureum. Antukna, rahayat hirup nurutkeun kana jalanna séwang-séwangan, prinsip anu ébréh nyaéta kumaha engké , kumaha ayana, sakieu buktosna. Hiji pamadegan anu patukang-tonggong jeung prinsip kahirupan hiji bangsa anu cicing di hiji nagara. Ka hareupna, beurit méakeun kadaharan dina piring ogé bakal diantep da diri urang sorangan mémang geus rumasa jadi beurit. Démostrasi anu dilakukeun nunjukkeun kanyataan frustasi jeung teu percayana rahayat ka pamaréntahna sorangan.

Aya anu boga kayakinan, dina hiji mangsa mah kanyataan hirup samodél ayeuna bakal robah. Sagala rupa ogé moal langgeng. Jalma bakal dipinuhan ku sikep silih ajénan, silih hargaan, moal sirik piidik, moal hawek jeung sarakah. Iraha? Wallahu ‘Alam, pasti kudu dibarengan ku ikhtiar. Dimimitian kudu wawuhna hiji bangsa kana budayana sorangan, lain agul ku budaya deungeun bari ngapilainkeun budaya sorangan. Sagala rupa bakal ngahasilkeun lamun dimimitian ku nanjeurna PERADABAN BANGSA SORANGAN! [ ]

Posting Komentar untuk "Adéan Ku Kuda Beureum"