Anu rada mindeng diobrolkeun ku kuring jeung babaturan nyaéta hal anu disangka saukur réméh, pasoalan henteu sapira. Nalika jalma réa anu ngabahas pasoalan hirup anu katénjona beuki komplék, kuring jeung babaturan malah leuwih nyokot obrolan anu boga jejer ‘kaéndahan alam.’
Lima taun ka tukang, teuing di mana jolna, dina hate ujug-ujug jorojoy hayang ulin ka lembur anu aya di pasir Gunung Arca. Nya, nga-sms baé ka babaturan, ngajak ulin ka éta lembur, harita wanci geus nuduhkeun panon poé satangtung. Kabeneran anu jadi babaturan ogé ngahayukeun.
Lembur anu disorang aya opat, Cipeueut, Bangbayang, Ciwangun, jeung Cisemplak. Dina usum katiga mah anu ngaranna jalan-jalan ka pilemburan teu jadi soal, kari-kari harita mah jalan ogé geus diaspal, béda jeung hiji dékade taun ka tukang. Tumpak motor ngaliwatan kana rawayan anu ngagantung luhureun susukan Cimandiri ogé teu salempang kawas dua puluh taun ka tukang.
Dua puluh taun ka tukang mah, meuntas rawayan ogé pinuh ku kasieun jeung kapaur, sajeroning meuntas téh asa sieun digurawil, da rawayan teu baheula mah henteu daék cicing, ngagulayun ka katuhu ka kénca. Kari-kari loba kai jeung tali rawayan anu geus waktuna diganti.
Di lembur anu disebut di luhur, alam henteu saukur ngébréhkeun kaéndahanna, ditambah ku kahirupan masyarakat anu akur jeung daréhdéh ogé soméah ka sémah. Ti mimiti ieu pilemburan aya, ku masyarakat anu aya beulah kaléreun susukan Cimandiri mah masyarakat anu cicing di pasir gunung sok disebut ‘urang peuntas’. Geuning landihan ‘urang peuntas’ ka masyarakat Cipeueut, Bangbayang, Ciwangun, jeung Cisemplak téh bisa disebut rélatif, da urang Wangunreja ogé lamun arék incah ka daérah kota sok ngomong: “ Ah, arék ka peuntas heula!” Disebut kitu téh pédah keur nepi ka pilemburan mémang kudu meuntas heula Cimandiri.
Geus jlug-jleuh villa ayeuna mah, sok sanajan teu pati euyeub kawas di daérah Puncak, ngan keur ukuran urang lembur mah ayana villa téh nuduhkeun kahirupan dina di éta pilemburan dina sababaraha taun ka hareup baris robah, rék dina masalah social ogé budayana. Téori ruralisasi mangrupa sabalikna tina urbanisasi moal lila deui bakal mahabu. Aya paribasa ‘back to nature’, balik deui ka alam, boga harti lamun masyarakat urban geus ngarasa boseun ku beuki mahabuna kahirupan. Ku cara pikir basajan bisa dicindekkeun, hirup beuki rupek jeung padedet, masyarakat atawa jalma bakal néangan tempat anu lowong ngemplong. Nyérédna ka pilemburan.
Daérah pilemburan anu biasa disebut masyarakat rural lalaunan tapi pasti kacelup ku iklim urban. Malah, ku kamajuan téknologi – informasi mah daérah-daérah anu masih disebut rural-urban ogé geus sarimbag din acara hirup jeung budayana jeung masyarakat urban. Urang lembur geus apal kana facebook, twitter, ogé google. Hp ogé geus ngimbangan anu dipimilik ku urang kota.
Budaya silih simbeuh jeung silih anteur téh lalaunan bakal ka séréd ku hirup anu mintonkeun sikep anti-empati. Lamun aya anu katarajang ku panyakit atawa meunang balahi dina mangsa ayeuna mah lain dibéré sikep émpati tapi karah dipotoan, aya ogé anu méré ‘LIKE’ nalika dina médsos aya anu ngiberkeun tatanggana maot. Lamun dibasakeun mah, ngarasa resep (LIKE) nalika aya iber jalma anu maot, sanajan konteks anu sabenerna mah nga-LIKE téh kana iberna lain kana eusi iberna.
Anu ngaranna ruralisasi, balik jeung pindahkan masyarakat urban ka pilemburan ulah nepi ka ngagerus kabiasaan jeung budaya anu geus lila ngakar ogé nyaliara dina kahirupan urang lembur siga urang Cipeueut, Bangbayang, Ciwangun, jeung Cisemplak. Sabab, robahna budaya jeung kabiasaan bakal ngarobah ogé kana ‘tatanan alam’ anu aya di pilemburan di pasir gunung.
KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Ruralisasi"