Puasa di Lembur: Kakarén Lebaran (Hanca 32)



Geus jadi babasaan di wewengkon urang, nyebut kakarén kana kadaharan anu masih kénéh aya sababaraha poé sanggeus lebaran. Kakarén lebaran biasana kadaharan sésa, saaya-aya, kuéh kering lolobana mah, geus saremplak, ulén kari sagebing, kuéh kaléng geus mancawura ngahiji antara bentuk itu jeung ieu.

Kecap kakarén miboga cognate atawa sawangun/saadegan jeung kariaan ngan asalna mah tina kecap kari hartina sésa. Urang geus pasti kungsi ngadéngé aya anu ngomong: Mani teu ngari kadaharan téh, ledis!.

Tah ngeunaan kariaan mah, di wewengkon Jawa beulah wétan mah disebut kenduri. Ilaharna dina acara salametan atawa kariaan (di wewengkon Sukabumi aya ogé anu nyebut hajat) kadaharan anu disuguhkeun biasana rupaning kadaharan tapi kawilang saaya-aya, malahan leuwih meredih masyarakat sangkan ngayakeun kadaharan kudu ngaya-ngaya.

Salian ti kakarén lebaran, di masyarakat urang ogé dipikawanoh istilah bebeyé (kabebeyé), ieu mah kadaharan sésa tina opor, rendang, atawa asakan sarupaning daging anu terus-terusan dihaneutkeun deui, dicampuradukkeun cara ngasakanna tiap isuk nepi ka jadi beyé. Bebeyé bisa disebut kadaharan “recyle” atawa “daur ulang”. Bebeyé biasa dicocol ku ulén.

Kakarén lebaran jeung bebeyé ku ukuran mangsa kiwari bisa disebut BS atawa barang sésa. Ayana dua istilah ieu nandakan yén masarakat di urang bener-bener mikanyaah kana kadaharan ulah nepi ka nyésa atawa mubadzir teu kadahar.

Tah, nepi ka taun 90-an katompérnakeun, anu jadi uyut atawa aki jeung nini sok nyarék ka incu anu nyésakeun réméh dina piring ku kalimah: “ Ulah ngaréméh, bisi boga budak raméték, Jang!”.

Atikan hirup ku tradisi jeung kabiasaan di masarakat Sunda di luhur jigana dina mangsa kiwari mah geus henteu pati dipaliré malah diapilainkeun. Masyarakat geus loba anu boga anggapan naon-naon anu kungsi dilakonan ku uyut, aki, jeung nini urang geus katinggaleun jaman.

Conto leutik, dina tiap kariaan, walimahan, atawa calagara milangkala geus lain hal anéh sésa sangu, daging, cai mineral, jrrd. Dilelebar, sakapeung urang ogé henteu sadar, bener urang mah masih kénéh bisa barang dahar. Ngan, di wewengkon séjén mah henteu saeutik jalma anu bajoang jeung nyanghareupan hirup sabari nahan lapar.

Filosofi kakarén lebaran kudu bener-bener dilarapkeun deui dina kahirupan. Tong kumawani ngamonyah-monyah kadaharan, ulah abong keur aya atawa rumasa cukup. Karuhun Sunda geus ngajarkeun: sautik mahi loba myésa, nyaéta sikep rik-rik dina hirup.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Kakarén Lebaran (Hanca 32)"