Kecap Gusti dina judul di luhur lain hartina Pangéran jeung Gusti Alloh, tapi mangrupa ngaran salah saurang guru di SMPN 3 Kota Sukabumi nyaéta Pa I Gusti Putu Wardipa Nirmala. Guru anu ngajar fisika, salian Bu Élda jeung Pa Rahmat. Ngeunaan Bu Élda jeung Pa Rahmat, baris diguar ku kuring dina mangsa ka hareup.
Sangkan singket jeung mundel, ngaran I Gusti Putu Wardipa Nirmala rék ditulis Pa Gusti baé dina ieu seratan. Ngajar fisika nalika kuring kelas hiji. Pa Gusti miboga dedegan tenang, lentong sora nalika nerangkeun kawilang halimpu, sakapeung mah leuwih deukeut kana jinis sora sopran atawa sarimbag jeung sora awéwé. Pa Gusti sorangan pituin urang Bali anu matak ngaranna dimimitian ku kecap I Gusti.
Dina struktur sosial di Bali mah, ngaran anu dimimitian ku kecap I Gusti nuduhkeun kana trah ménak ti wangsa ksatria; bisa ASN, guru, atawa prajurit. Sok sanajan kitu, Pa Gusti teu pernah nyabit-nyabit sok komo nyebutkeun asal-usul dirina ti golongan ksatria. Sabab dina struktur sosial masyarakat Sunda mah, hal éta teu pati diperhatikeun. Cindekna, Pa Gusti sakapeung disebut Pa Putu, apal posisi yén dirina keur aya di pangumbaraan.
Cara ngajar fisika –salah sahiji mapel anu dipikasieun ku para pamilon atikan salian matématika– kawilang rinéh, teu pati meredih sangkan siswa apal cangkem saharitaeun kana jejer anu keur diguar. Anu matak, Pa Gusti mah kacida tigin dina nerangkeun jeung ngajelasken jejer anu can pati kaharti ku para pamilon atikan. Jejer anu pangheulana diguar salah sahijina nyaéta “Besaran” dina élmu fisika.
Pa Gusti asup ka kelas, biasana sabari ngélék buku. Sok langsung ngahapus papan tulis, tara nitah ka barudak sangkan ngabersihan heula papan tulis. Harita mah, sakola can ngagunakeun white-board kawas kiwari. Masih maké kapur dina nulis ogé. Malahan, ku guru anu kawilang galak, panghapus ogé sok dijadikan pakakas keur malédog barudak anu nundutan di kelas. Ngan Pa Gusti mah guru anu kawilang wijaksana, sabab can pernah ngajadikeun panghapus jadi pakakas keur malédog pamilon atikan.
Sakapeung sok diheureuyan ku barudak lengger/badeur. Guru anu teu pati galak ku barudak anu badeur saolah dianggap euweuh kawani. Ngan, Pa Gusti tara éléh géléng, barudak anu kumawani unghak jeung campelak ka Pa Gusti pasti dilaporkeun ka guru anu bener-bener dipikasieun ku para pamilon atikan. Antukna, para pamilon atikan ogé jadi kudu mikir dua kali nalika arék bandel di kelas nalika diajar fisika.
Harita mah, dina taun ajaran 1992/1993, Pa Gusti can pati paséh dina nyarita ku Basa Sunda. Jigana, dina mangsa kiwari, nalika kuring jeung babaturan balik deui jadi para pamilon SMP, Pa Gusti dina nerangkeun fisika téh bakal dibarengan ngomong ku Basa Sunda. Cek béja mah, Pa Gusti pindah ngajar ka wewengkon Banten sanggeus kuring jeung barudak lulus, da jadi salah saurang guru honorér anu diangkat PNS dina taun 1995.
Kuring masih inget, nalika Pa Gusti nerangkeun rumus gaya (F=m.a). Sabari pepeta, sora leutik, nerangkeun Isaac Newton jeung téori gaya-na. Bener, harita can pati ramé jalma anu ngagaya. Lamun kiwari mah, rumus gaya téh lain massa dikalikeun per-cepatan, tapi dangdan, selfie, jeprét dipoto ku kaméra. Ngan aya benerna ceuk babaturan, hirup mah tong loba teuing ngagaya bisi nambah beban (massa) dina hirup.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Gusti"