Puasa di Lembur: Rantang jeung Parsél (Hanca 28)

Tug nepi ka taun 90-an katompérnakeun masih aya masyarakat anu ngalakonan kabiasaan silih anteuran kadaharan dina rantang. Biasana dilakonan sapoé saméméh lebaran anu sok disebut poénan takbiran. Eusi rantang geus galib; opor hayam, semur daging munding atawa sapi, bihun, kentang, jeung buncis.

Silih anteuran kadaharan ieu keur sawaréh jalma mangrupa pamageuh tali bébésanan, calon bésan geus pasti ngirim kadaharan ka pibésaneun. Hal ieu ku barudak jaman now mah bisa disebut "coding", kila-kila atawa tanda: réngsé puasa antara saurang jajaka jeung wanoja bakal manjing jatukrami.

Wanoja boga adab jeung tetekon, henteu wani nembragkeun eusi haténa ka jajaka, ngan anu jadi kolotna surti, "coding" tanda karesep budak ka jajaka diébréhkeun ku ngirim kadaharan ka pibésaneun. Eusina ogé sok rada béda dibandingkeun kadaharan anu dibikeun ka jalma séjénna.

Keur masyarakat biasa, kabiasaan silih anteuran kadaharan mangrupa "custom" anu jadi ciri utama masyarakat gammeinschaft, masyarakat rural padésaan. Silih asaan rejeki, silih asaan naon anu geus dijieun. Iklim komunalisme nu geus matri kalawan pageuh dina ati sanubari masyarakat.

Waktu beuki laju, wanci beuki nyungsi, kabiasaan silih anteuran kadaharan mimiti kagerus ku istilah anyar. Istilah anu dihasilkeun dina lingkungan gasselschaft jeung iklim industri. Hiji istilah anu nepi ka ayeuna geus lumrah disebut-sebut: THR jeung Parsél.

Masyarakat lain silih asaan deui tapi geus ganti ku kabiasaan kabagi atawa kabéré tina ladang usaha/késang nu teu bisa dipisahkeun jeung dunia kapitalis. Leuwih basajan dina cangkang jeung bungkus, cukup ku amplop atawa plastik keur ngantongan baju, samping, jeung kopéah.

Sok sanajan béda cara, kabiasaan, jeung tradisi sahenteuna niat jalma sarua, hayang babagi jeung buru-béré ka batur, hayang kaasaan rejekina ku batur. Teu unggal poé ogé, atuh sataun sakali. Ngan angger baé, rasa antara silih anteuran kadaharan dina rantang jeung parsél kacida béda. Nu hiji némbongkeun sikep interpersonal, anu hiji deui leuwih némbongkeun sikep saarah ti jalma anu mampuh atawa jegud ka jalma basajan (kokoro).

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Rantang jeung Parsél (Hanca 28)"