Sok diguguyonkeun ku barudak mah, THR téh akronim tina Tarang Hérang. Maksud sabenerna mah Tunjangan Hari Raya. Hiji kabiasaan di masyarakat urang dina nyanghareupan lebaran.
Kantor jeung perusahaan méré tunjangan minangka panyecep ka pagawéna, arék ku duit, kuéh ,parcel, jrrd. Pangbubungah dina nyanghareupan poé lebaran. Saminggu saméméh lebaran akronim THR jadi trending topic dina rupa-rupa medsos.
Aya anu mémang bener hayang jeung kaciri pisan ngarep-ngarep dibéréna. Saha anu teu butuh duit atuh? Komo keur nyanghareupan pangabutuh lebaran anu kacida mahabu, ti mimiti pakéan, kadaharan, nepi ka kandaraan sewaeun keur mulang atawa mudik ka lembur.
Ti sagigireun éta, aya ogé anu haré-haré baé, teu pati nolih rék meunang atawa henteu THR. Sok sanajan dina haté leutik mah sarua, ngarep-ngarep.
Aya transformasi anyar dina cara meunang THR, rék dilakonan ku saurang-saurang atawa ku hiji lembaga, kucara nyebarkeun amplop ka perusahaan, sakola, jeung dines-dines. Ari disebut ménta mah kasar teuing, sebut bae meredih partisipasi dina nyanghareupan lebaran.
Keur hiji perusahaan mah teu jadi sual, da geus nyiapkeun dana cadangan atawa waragad taktis meureun. Ari keur sakola jeung dines-dines? Nya tarékahna mah bisa baé pagawé udunan atawa ditékel ku kepala-na, sabari gogodeg tangtuna. Ngan wayahna, sing ikhlas wé.
Di lembur ogé sarua, jalma anu dianggap beunghar jeung boga harta anu leuwih sok diperedih kudu ngabagi THR ka masyarakat anu leuwih butuh. Anu boga warung ogé kudu nyiapkeun THR keur pelangganna, bisa méré kuéh kaléng atawa piring jeung gelas salosin séwang. Pabéja-béja wé, kabéh hayang kabagéan gelas jeung piring.
Réngsé nampa THR, komo lamun gedéna sabulaneun gajih, isukna ngabrul ka dayeuh. Tumplek, plek baé dayeuh, pasar, mall, jeung toko pinuh ku jalma. Heurin usik, boborot késang kusabab panas, pagelek-gelek, mangkaning lapar jeung hanaang alatan puasa.
Tapi teu paduli, sanajan lebaran ngan sapoé, nu penting dina poénan lebaran maké baju anyar, dahar jeung daging sapi, dina méja pinuh ku rupaning kadaharan. Tara béak kabéh éta téh, sawaréhna mah sok diantep nepi ka bulukan.
Naha kanyataan jeung fénomena sosial saperti kieu bisa disebut salah? Ah, da lain matématika. Ieu mangrupa hiji kanyataan sosial dina raraga mintonkeun sikep suka bungahna masyarakat dina nyanghareupan lebaran. Henteu béda jeung kabiasaan masyarakat Eropa dina nyanghareupan Natal.
Oh enya, fénomena anyar séjénna, lain saukur toko pakéan anu ramé jeung pinuh kunu balanja teh. Toko hapé ogé mahabu kunu balanja, hapé atawa gadget anyar laku teu béda jeung kacang asin.
Lain nanaon, dina prungna lebaran: kudu bisa selfie, motoan diri jeung kulawarga, apanan poénan suka bungah disebutna ogé. Foto téh minangka dokuméntasi, Keur sampeureun jaga nalika umur geus nincak umur lima puluhan.
Jalma jeung masyarakat mibanda sajarahna séwang-séwangan dumasar kana kayakinan, tempat, jeung milieu dimana maranéhna hirup.
Geus meunang THR can?

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: THR (Hanca 27)"