Puasa di Lembur: Baju Dulag (Hanca 26)

Jadi babasaan, ‘baju dulag’ ditibankeun kana pakéan anyar keur pakéeun dina poé lebaran. Istilah ‘baju dulag’ sumebar di wewengkon Sukabumi, diwanohkeun ku kolot-kolot dina taun 60-70an. Nerapna ka masyarakat kampung anu idéntik jeung kahirupan gammeinscaft. Kecap dulag sorangan saharti jeung bedug kulit sapi atawa munding anu biasa ditakol di masigit nalika manjing asup waktu sholat.

Istilah ‘Baju dulag’ dibrakleun ku masyarakat kusabab lebaran di lembur-lembur leuwih ramé ku anu ngadulag. Kolot baheula henteu hayang hésé mikir, baju anyar anu arék dipaké dina waktu lebaran langsung baé disebut ‘baju dulag’, baju anu arék dipaké nalika di masigit ramé ku anu takbir bari dipirig ku anu ngadulag.

Istilah ieu sumebar ka mana-mendi, ngan di wewengkon pasundan meureun asalna mah, sarua jeung kecap ‘ngabuburit’. Kadieunakeun mah - bisa jadi - istilah ‘baju dulag’ téh dipaké ogé ku masyarakat anu aya di wewengkon lian.

Isitlah ‘baju dulag’ geus digunakeun jeung dirasa ku sababaraha generasi, tug nepi ka ayeuna masih nerap ka barudak anu aya di lembur jeung di kota. Komo ayeuna mah, antara lembur jeung kota téh bédana geus ipis pisan. Cara hirup di lembur dina mangsa kiwari mah geus kokotaeun, urban, bédana antara lembur jeung kota ngan diukur ku lengkepna fasilitas balanja. Sanajan kitu, istilah ‘baju dulag’ terus nerap dina kahirupan masyarakat.

‘Baju dulag’ anu idéntik jeung ngadulag, dina jaman modérn ieu moal lebur jeung tilem kalindih ku kecap-kecap séjén sanajan bedug jeung dulag sorangan geus rada jarang dipiboga ku masigit-masigit ayeuna. Tapi, mémori koléktif anu diterapkeun kana istilah ‘baju dulag’ boga akibat alus keur méré béja ka generasi modérn anu disebut kaum millénial pentingna ngarawat budaya jeung seni tradisional saperti ngadulag waktu lebaran.

Jinis dulag geus mimiti leungit jeung jarang dipaké deui kusabab mundurna pamikiran jalma ngeunaan ajaran. Aya kelompok anu ngalarang bedug digunakeun di masigit. Kadieunakeun mah wani nyebut lamun nakol bedug téh hiji hal anu haram. Arék diaku atawa henteu, cara mikir samodél kitu sabenerna mundur ratusan taun ka tukang.

Siga bener ngaharamkeun kana hal anu sabenerna teu kungsi diharamkeun ku Rosululloh jeung para ulama. Kos anu heueuh ogé deuih ngiyaskeun/nganalogikeun hiji perkara kana hal anu teu pernah dilakonan ku Rosul. Padahal lamun dipikir kalawan bener, rébuan cara hirup manusa modérn loba anu teu pernah dilakonan ku Rosul tapi dilakonan ku jalma anu ngaharamkeun nakol bedug.

Cara kamandang modél kitu, ceuk kuring mah leuleuwiheunn teuing, mundur ratusan taun ka tukang ongkoh. Disebut leuleuwiheun sabab jalma geus kumawani ngaharamkeun kana hal anu sabenerna teu pernah diulahkeun ku Alloh.

Nganisbatkeun sagala rupa hal kudu saluyu jeung naon anu geus dilakonan ku Rosul, éta dusebut bener nalika aya hubunganna jeung pasualan ageman anu ushul. Kultur, kabiasaan, jeung budaya ulah diadurengéskeun jeung ajaran, tapi kudu jadi papaés sangkan ageman hirup miboga corak jeung warna.

Paribasa ‘agama jeung seni’ kudu ngahiji téh bakal jadi kontradiktif dina kamandang jalma-jalma anu ngaharamkeun kana bedug. Kaciri pisan nénjokeun ambivalénsina, hiji sisi ngaku lamun agama jeung seni kudu ngahiji, dina sisi nu séjén ngaharamkeun éntitas seni sorangan.

Anu katénjo lain arék nyebarkeun ajaran anu bener, tapi maranéhna keur nyumebarkeun budaya Arab ka wewengkon urang. Henteu goréng, ngan leuwih alus kudu mihormat kana budaya anu geus diwariskeun ku karuhun-karuhunna sorangan, ti batan kudu ngamumulé budaya batur.

Ulah nepi ka, dina hiji mangsa turunan urang apal kana ‘baju dulag’, bari henteu apal kana dulagna. Sarua jeung ngahulengna barudak ayeuna waktu ditanya, naon anu disebut ngurek, ngobor, jeung nguseup téh? Cindekna, ayana istilah ‘baju dulag’ teu leupas tina tradisi ngadulag dina peuting jeung poénan lebaran. Takbir dipirig ku dulag, saha anu ngulahkeun?

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Baju Dulag (Hanca 26)"