Puasa di Lembur: Kuéh Lebaran (Hanca 25)

Di lembur, taun 80-90an, saminggu saméméh lebaran geus sareungit ku rupaning kuéh. Kaum ibu arolah, silih bantuan. Tatangga jeung tatangga séjénna cuh-cih nepi ka tilu atawa dua poé saméméh lebaran.

Can usum pakét, parsél, kuéh kaléng, jrrd harita mah. Pokona anu ngaranna kaum hawa kudu nyieun kuéh, peun! Ti mimiti pala jeung gedang, kuéh kering, sasagon bakar, dodol, wajit, gegeplak, ulén, saptu, jeung kuéh séjénna anu bisa disuguhkeun dina kéler dina waktuna lebaran. Keur urang lembur mah lebaran ibarat hajat saréréa.

Dodol, wajit beureum, jeung kuéh séjénna dipoé dina suhunan imah. Disimpenna dina nyiru. Barudak badeur mah sok ngahaja maokan kuéh nalika anu boga imah keur bongoh. Tuluy dibawa ka sisi lumbur, biasana ka saung di sawah, didahar, majar téh ngabatalan puasa. Aya ku alus éta alesan, ngabatalan puasa dina wanci tengah poé.

Kuéh meunang moé diasup-asupkeun kana kéler, sampereun jeung purakeun dina poé lebaran. Bisa éta ogé ngadahar kuéh saméméh lebaran ngan biasana kuéh BS atawa anu rada tutung nalika dijieun. Kuéh lebaran dipajangkeun dina tékas atawa lomari khusus anu biasa digunakeun keur neundeunan gelas piring. Ngan saukur bisa ditempo, sok disebut baé kuéh "deléh".

Dina geus cunduk kana waktuna ogé, kuéh téh tara béak nepi ka saminggu réngsé lebaran. Tah di masyarakat urang, éta kuéh sok disebut "kakarén lebaran". Kiwari, geus jarang aya sebutan kitu iwal keur ulén jeung opor hayam.

Sabab, kuéh dina mangsa kiwari geus ngawujud lain deui barang langka anu ayana dina waktu-waktu anu tangtu. Alatan éta, létah jalma ogé ngalaman anu ngaranna disénsitisasi, dina ngadahar kuéh teu pati nikmat deui kawas sababaraha taun ka tukang.

Ieu pisan anu ngalantarankeun tradisi nguéh geus kasilih ku cara modérn dina mangsa kiwari. Kaum ibu kiwari, sebut baé ibu-ibu millénial, leuwih milih cara praktis, kari meuli kuéh kaléng, pakét, parsél, atawa meuli kuéh anu geus meunang ngéleran.

Teu anéh, dina mangsa kiwari, moal kaambeu sarareungit kuéh kaluar ti tiap imah dina saminggu saméméh lebaran. Sok komo, suhunan imah dipinuhan ku nyiru tempat moé kuéh mah, geus moal aya deui laratan-laratannana acan. Ceunah mah, jaman geus robah téa!

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Kuéh Lebaran (Hanca 25)"