Masjid Agung Kota Sukabumi geus aya ti iraha boa. Nilik kana waruga wangunan munggaran mah miboga arsitéktur wangunan abad ka 19. Dikomparasikeun jeung waltu diwangunna hiji wewengkon jadi puseur dayeuh, bisa disebutkeun yén ayana Masjid Agung saheuleut atawa bisa jadi leuwih tiheula tibatan tempat-tempat anu aya disabudeureunna, anu diwangun dina mangsa kolonial.
Ngan tangtu baé, Masjid agung lain diwangun ku Walanda, béda jeung gedong-gedong pamaréntahan samodél balé kota, éta mah geus jelas mangrupa warisan langsung ti Walanda. Malahan arsiték anu ngaluluguan pangwangunannana ogé meles pisan urang Walanda. Ceuk sakaol, Knaud téh mangrupa salah saurang anu ngagem aliran téosofi.
Ti mangsa kolonial, Masjid Agung geus jadi simbul kaislaman urang Sukabumi. Salaku pribumi, urang Islam teu bisa dipisahkeun jeung tradisi anu nénjokeun asimilasi antara tradisi lokal jeung kaislaman.
Teu anéh lamun wangunan Masjid Agung mintonkeun éta hal. Bedug salah sahijina, sok sanajan dina mangsa kiwari geus teu pati dipaliré, ngan aya bedug mangrupa titinggal umat Islam di Sukabumi geus ngadarah daging jadi tradisi.
Nepi ka danget ieu, masjid di Pemda mah masih kénéh sok nakol heula bedug dina waktu jumaahan. Jigana, masjid di lembur anu aya di Sukabumi mah geus langka anu nakol heula bedug dina waktu jumahaan.
Mang lebarkeun sabenerna, tradisi anu geus apik dijaga ku kolot-kolot urang dina mangsa kiwari, geus henteu pati dipaliré deui ku alesan mangsa geus modérn. Ieu salah sahiji lemahna bangsa urang téh, teu ngaraksa kana tradisi sorangan. Dina hiji mangsa, nalika éta tradisi dicokot ku bangsa deungeun, kakarak urang sok kekejetan buméla jeung umaku lamun éta tradisi téh milik urang pituin.
Sok sanajan kitu, tradisi nakol bedug saméméh adzan magrib masih kénéh kaalaman ku generasi 80-90an. Nakol bedug lain kawajiban, tapi geus nyaliara dina kahirupan masyarakat Islam di tatar Sunda, kkususna di Sukabumi.
Teu béda jeung tagog atawa waruga Masjid Agung anu aya di sabudeureun macapat puseur dayeuh. Wangunan jeung dedegannana jadi simbul yén Islam mangrupa ageman hirup anu dipilih ku lolobana masyarakat Sukabumi. Sok komo dina bulan puasa, boh ti saprak aya masjid atawa nepi ka danget kiwari, Masjid Agung jadi pamuruan, paniisan balaréa.
Dina mangsa formatif atawa miiti ngadegna Sukabumi jadi hiji dayeuh, dina jaman kolonial, urang Sukabumi anu ngayakeun transaksi jual beuli di puseur dayeuh geus ngajadikeun Masjid Agung minangka tempat reureuh dina wanci tengah poé sanggeus nedunan solat lohor. Téras masjid dipinuhan ku anu dariuk jeung ngaradon gogoléran.
Kabiasaan di luhur diwariskeun ku kolot-kolot ka barudak generasi 80-90an. Kuring jeung babaturan, nalika ngadon ngabeubeurang ka dayeuh, sanggeus ulin ka Capitol jeung Shoping Center geus pasti nedunan heula solat lohor di Masjid Agung sabari ngarasakeun tiisna hawa masigit.
Masjid Agung geus diréhab kana tilu kalina. Wangunan anu aya ayeuna mangrupa waruga Masjid Agung modérn, diwangun dina mangsa kapamingpinan Pa Muslikh.
Sabenerna, masih kénéh deungdeueleun Masjid Agung saméméh anu ayeuna, sabab urang Sukabumi miboga mémori koléktif jeung Masjid Agung mangsa harita. Nalika adzan, sora modin awuhan ka sakuliah puseur dayeuh, menara masjid teu jauh béda jeung jalma anu nangtung kalawan gagah. Hanjakal, laratannana ngan aya dina alam pikiran.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Masjid Agung (Hanca 24)"