Kecap mudik, lamun dititénan struktur kecapna, asal tina Udik ditambahan ku rarangkén atawa préfix me-, mengudik, hartina balik deui ka Udik, ka dusun, ka lembur, ka lemah cai.
Dina istilah élmu sosial mah bisa disebut ogé ruralisasi, antonim tina urbanisasi. Ngan teu sagemblengna. Aya béda anu jelas antara ruralisasi jeung urbanisasi, antara ngota jeung ngudik. Ilaharna, jalma anu asalna ti lembur tuluy ka kota sok kabawa ku budaya urban, nalika balik deui ka lemburna atawa mudik sok mintonkeun budaya urban di lemburna sorangan.
Ah, da geus galib ayeuna mah. Malah sanggeus kamandang "global village" pamisah antara kota jeung kampung ngan saukur diwatesan ku hal anu sifatna administrasi pamaréntahan wungkul. Geus teu bisa dipisahkeun deui ku anu ngaranna budaya jeung tradisi, geus pacampur pagalo sagemblengna.
Urang lembur ayeuna geus teu birek kana kadaharan samodél pizza, burger, hot dog, jrrd. Sumawona urang kota ogé, geus moal birek malah moal barieukkeun jeung budaya lembur. Keur ukuran masyarakat Indonésia mah, atuh da asalna mémang masarakat lembur.
Balik deui kana pasualan mudik anu geus jadi hiji tradisi jeung kabiasaan di masyarakat urang, hal anu kudu dilakonan nalika lebaran. Teu salah, da anu ngaranna jalma dina dirina geus dipelak sistim "romantika" sono ka lembur anu ditinggalkeun.
Komo keur masyarakat Sunda anu asalna mibanda kultur ngahuma jeung nyawah mah, indit-inditan ka lembur séjén téh ari lain keur nyukupan pasualan pangabutuh mah asa ku wegah ninggalkeun lembur jeung lemah cai. Saterusna sono lain saukur sono tapi aya udagan anu leuwih mulia, munjung ka indung-bapa, ngariung jeung papada urang lembur.
Euweuh anu ngamasalahkeun, nalika jalma mudik terus mawa budaya urban dina mangsa kiwari. Da sagala rupa budaya urban geus katoong dina sinétron ogé, kitu ari hirup urang kota mah. Ngan salian ti mawa budaya urban, aya ogé anu mudik seja mintonkeun éksistensi diri, geus suksés di dayeuh. Teu jadi soal, sakuduna kitu, lain riya tapi minangka tahadduts binni'mat, nyebut-nyebut ni'mat anu katarima. Tibatan ngaguar waé hal goréng jeung kalemahan diri.
Anu di luhur mah tangtu kaalaman ku mudikna jalma lembur anu mumbara jeung gawé di Jakarta atawa kota gedé séjénna. Aya ogé anu mudik regional, ti kabupatén ka kabupatén anu sawawa dina tingkat kamajuanna. Geus béda deui caritana. Nya da sabenerna keur ukuran jalma-jalma modérn anu geus biasa hirup jeung kamajuan alat-alat patalimarga Mudik, migrasi, mobile, jeung sebutan séjénna geus lain hal anu hésé. Béda jeung baheula.
Ngan, mudik disebut mudik téh pédah wé lumangsungna bareng jeung kariaan lebaran. Migrasi temporer dilakonan ku manusa kontémporér kusabab hayang milu aub ngareuah-reuah poé lebaran. Keun teu puasa ogé nu penting milu merdéka, maksud merdéka di dinya tangtu bébas deui dahar jeung ngudud sabari kaditu-kadieu.
Mudik mangrupa sikep nomadén jalma-jalma modérn, niatna beresih jeung alus. Hayang lebaran di lembur sorangan. Lemah cai anu geus jeung keur direbut ku deungeun-deungeun. Saminggu ti harita, nya kitu deui, sawah, kebon, huma, tegalan, jeung leuweung pada naringgalkeun deui. Baralik deui ka pangumbaraan anu pinuh ku oloan jeung pangénéng.
Aya hiji pasualan anu kudu bener-bener diperhatikeun nyaéta pasuakan kacilakaan patalimarga salila mudik. Mindeng kacaritakeun tiap taun, kacilakaan kusabab padedetna jalan, macét, jeung kandaraan anu teu karisakeun saméméh mudik. Jumlahna lain saeutik tapi bisa réwuan. Aya anu nimbulkeun rajapati sagal.
Ceuk laporan situs https://polri.go.id mah, kacilaan dina mangsa mudin nuduhkeun trén ngurangan ti taun ka taun. Hal ieu alatan gawé rancagé jeung kasadaran anu mudik beuki ngaronjat. Sok sanajan kitu, keur urang anu geus hirup dina mangsa anu disebut global village, sakapeung mah sok kurang taki-taki, komo lamun anu kudu mudik ka lembur matuh banjar karang pamidangan téh diri urang sorangan.
Euweuh tarékah séjén, urang kudu bener-bener sadar jeung tetep waspada. Sabab urang geus hirup di hiji mangsa anu disebut "global village". Kampung anu ukuranna New York, Paris, London, jeung Amsterdam. Lain kampung anu ukuranna Wangunreja, Cipiit, Ciawitali, jrrd.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Mudik (Hanca 22)"