Bulan puasa ka puasa deui, loba anu kudu dicaritakeun. Sok sanajan jejerna éta deui éta deui. Keur ukuran urang, salaku jalma anu geus ngatranformasikeun diri tina kahirupan masyarakat rural ka néo-urban ngan dua pasualan anu jadi jejer carita salila bulan puasa: kamacétan di jalan jeung bukber.
Lima welas taun ka tukang, kuring kungsi ngomong ka babaturan, kabeneran harita bulan puasa, " Jigana, lima nepi ka dua puluh taun kahareup mah anu ngaranna jalan, ogé gang leutik bakal padedet ku alat patalimarga, Kang!" Teu kudu disebut ramalan, éta mah éstuning analisa kuring nalika nalingakeun kaayaan di jalan mangsa harita.
Aya benerna, lima taun ti saprak éta ucapan, bulan puasa geus asup kana poé katujuh, kuring rék aya perlu, balanja ATK ka toko AA anu pernahna aya di jalan raya. Lain bohong anu ngaranna motor jeung mobil padedet minuhan jalan. Ngeteyep silih sedek. Jalma-jalma ogé euyeub minuhan jalan, ceuk urang Jakarta mah "tumpah ruah".
Keur ukuran Kota Sukabumi, anu can nepi ari kudu disebut métropolitan mah, kamacétan samodél kitu can bisa disebut hal wajar. Ngan lamun niténan kaayaan kota-kota di nagara dunya katilu, kamacétan mémang mangrupa kajadian sapopoé. Ieu dilantarankeun ogé ku kawijakan di nagara-nagara dunya katilu.
Disebut nagara dunya katilu, lain saukur métafora kecap atawa idiomatik. Ieu bener-bener nuduhkeun lamun jalma atawa masyarakat anu hirup di nagara dunya katilu boga tilu habitat; di imah, di jalan, jeung di pagawéan.
Lamun diitung-itung mah, kurang leuwih saparapat umur jalma dibéakkeun di jalan jeung di pagawéan. Imah ngan saukur tempat mulang, reureuh sababaraha jam, geus kitu ditinggalkeun deui baé. Teu béda jauh jeung kontrakan atawa kamar hotél.
Leutik pisan pangaruhna, sanajan harga BBM apung-apungan ogé, jalan tetep baé macét komo nalika bulan puasa geus nincak kana tanggal lilikuran. Jalma-jalma néo-urban ti Jakarta baralik ka lembur, bari mawa budaya métropolis, anu sapopoéna teu bisa pisah jeung kamacétan.
Dina tanggal lilikuran, disampurnakeun ku acara buka bersama. Tempat-tempat kulinér heurin usik. Méméh magrib ogé mobil geus ngajajar di tempat parkir. Minangka ukuran kasuksésan gawé salila sawelas bulan.
Méméh réformasi mah kabiasaan buka bersama téh dilakonan ku para pamilon atikan di sakolaan. Ayeuna mah jalma geus nincak umur wanci sariak layung ogé anclub ngabiasakeun buka bersama jeung komunitasna. Lamun teu kitu? Inggis disebut katinggaleun jaman.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Macét jeung Bukber (Hanca 21)"