Puasa di Lembur: Godin (Hanca 20)

Sebutan godin ngan aya di masyarakat Sunda, ka béh dieuna mah aya sebutan séjénna nyaéta nyémén. Pihartieunna mah susulumputan dahar dina bulan puasa. Morfologi kecapna tangtu baé asalna tina kecap ghodin (isukan) bisa dibéré harti isuk-isuk, poé harita, tegesna pabeubeurang.

Lamun dipikir-pikir, masih mending kénéh jalma anu teu kuat puasa alatan ngedul tuluy ngalakonan godin atawa barang dahar sabari susulumputan, henteu nékad teuing kumawani cacamuilan sabari jalan-jalan, hartina masih aya kénéh kaéra. Ogé bisa jadi maranéhna ngahargaan kanu keur puasa.

Ngan sababaraha taun ka tukang, nalika sikep kaéra geus mimiti laas, utamana dina diri generasi ngora jeung para nonoman, teu saeutik maranéhna teu paruasa tuluy wani pepelenyunan ngarudud di sisi jalan.

Iwal euweuh kaéra téh ditambahan ku sikep belegug. Lain ngagoréngkeun, dina mangsa kiwari, kalolobaan barudak anu belegug sihoréng aya dina piramida paling handap, tegesna kelompok “menengah ka handap”.

Barudak taun 80 jeung 90-an mah masih mending masih kénéh boga kaéra nalika teu puasa. Sok komo keur ukuran budak kénéh mah, jadi biasa dikélah ku kekecapan: urang mah latihan, puasana ogé ngan nepi ka lohor.

Meureun maranéhna keur nerapkeun salah sahiji kaidah ushul fikih: “lamun teu bisa dilakonan sakabéhna, ulah ditinggalkeun sakabéhna”. Hal penting dina kajadian ieu, barudak harita mah masih kénéh boga kaera nalika teu puasa oge.

Lamun teu dilakonan ku cara susulumputan, godin ogé biasana diprakkeun ku barudak jeung kolot mangsa harita di tempat anu jauh ti lembur. Bisa ngadon godin di tempat-tempat anu tiiseun atawa ngadon dahar di imah babaturan anu mémang saaliran, tara puasa.

Aya ogé anu ngaradon godinna téh ngahaja ngajugjug ka dayeuh.Sok mareuli Mie Ayam Bénto jeung Mas Yamin, atawa dahar di gang Tae-Kwat anu tempat daharna téh dikurubeng ku lawon.

Harita nepi ka munggaran awal taun 2000-an, urang Sukabumi jigana masih inget kénéh sakur tempat dahar nu aya di supermarket sok dikurubeng ku lawon.

Keur nyayagikeun, sangkan anu teu puasa bisa dahar kalayan laluasa, sanajan sabenerna mah teu laluasa da asa aya anu nalingakeun jeung sieun ka-hong-keun téa. Meureunan, pangna tempat dahar dikurubeng jeung ditutupan ku lawon ogé aya anu disumput salindungkeun.

Kikituan téh teu lumangsung lila, sabab dina taun 2013-an nalika salah sahiji ormas Islam keur meujeuhna nanjung, anggahotana sok ngayakeun sweeping atawa calagara sapu bersih ka warung-warung anu muka jeung nyiapkeun kadaharan kanu keur teu puasa.

Malahan, dina média sosial mangsa harita, teu saeutik warung sangu diserang ku éta ormas. Antukna sangkan teu nimbulkeun konflik horizontal, pamaréntah di tiap daérah ngaluarkeun kawijakan sangkan sakumna warung kadaharan, réstoran, jrrd teu meunang muka kajaba ti jam 17.00 saméméh waktuna buka.

Ngan sabenerna arék aya aturan jeung kawijakan pamaréntah atawa henteu ogé, nu ngaranna puasa mah mémang sifatna individual. Sok sanajan warung ditutup ogé keur anu tara puasa mah angger baé maranéhna bisa néangan tempat sangkan laluasa balakécrakan dahar dina wanci pabeubeurang.

Keur anu getol puasa onaman, sanajan dibibita ku kadaharan sarwa ngeunah ogé geus pasti bisa nahan nafsu, moal nepi ka kudu ngabatalkeun puasana. Jadi sabenerna sagala rupa ogé dibalikkeun deui ka dirina séwang-séwangan, aturan mah ngan saukur keur nartibkeun wungkul. Leuwih ti éta, sagala rupa balik deui kana patékadan tiap jalma.

Budak anu teu kungsi godin sok disebut cacap puasana, geus pasti meunang persénan ti anu jadi kolot. Sabab kolotna geus jangji lamun budak cacap puasa dina taun ieu, geus pasti dibéré hadiah, duit atawa baju. Budak anu merih mah geus pasti nyacapkeun puasa sabulan lilana, kentel peujit disebutna téh.

Kari-kari lamun dipikiran kalayan daria mah, naon héséna teu dahar 12 jam, da ari geus waktuna kudu dahar mah pasti dahar, malahan teu saeutik apanan saméméh wanci magrib, sagala rupa kadaharan geus sayagi, kudu diaya-aya, ti mimiti és nepi ka goréngan.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Godin (Hanca 20)"