Puasa di Lembur: Pasar Maréma (Hanca 19)

Dua minggu saméméh lebaran, puseur dayeuh Sukabumi geus padedet ku anu baralanja. Kari-kari dina taun 90-an katompérnakeun, pamaréntah nyayagikeun tempat di Jalan Kaptén Harun Kabir jadi pasar dadakan anu disebut pasar maréma. Aya ogé anu nyebut pasar senggol, duméh jalma anu ngaliwat ka éta pasar sok teu ngahaja kadukap atawa ngadupak sasama. Sawaréhna deui nyebut pasar kagét jeung pasar "tumpah".

Ayana éta pasar dadakan ngan salila bulan puasa wungkul. Anu didagangkeun kalolobanannana mah papaés awak, di antarana: pakéan, sendal, jeung sapatu. Babakuna mah kutang jeung cangcut ogé pating garantung diobral ku anu dagang. Anu dagangna ogé lolobana mah urang sebrang.

Targét pasarna tangtu baé urang lembur, barudak, kelompok umur 40 taun ka luhur, ditambah – lamun ceuk basa sosial mah - "menengah ke bawah". Da keur barudak anyar gedé jeung kelompok menengah ke atas mah geus aya Matahari, Yogya, jeung Ramayana. Ka dieunakeun aya ogé super-mall.

Ngan teu saeutik ogé, lamun lebaran geus bener-bener heureut waktuna atawa mépét, kari-kari can kabeuli baju dulag jeung papaés (asésoris)-na, barudak anyar gedé ogé kapaksa meulina téh di pasar maréma. Ongkohna, balanja di super market ogé pohara pededet jeung pajeujeul ku anu baralanja.

Jadi, sabenerna anu disebut maréma téh lain pasar dadakan anu aya di Jalan Kapten Harun Kabir wungkul ari kitu téa mah, da ampir kabéh pasar, ti anu tradisional nepi ka modérn, ti pasar Gudang nepi ka super market keur meujeuhna maréma, bubuhan aya dina tungtung bulan puasa.

Geus kajudi, sabaraha miliar duit anu muter ku ayana transaksi di puseur dayeuh salila bulan puasa. Sok komo lamun hal ieu dina mangsa harita dikokolakeun kalayan daria ku pamaréntah daérah, meureun bisa jadi panghasilan keur nambahan PAD.

Da saminggu nepi ka sapoé saméméh lebaran mah, entong boro anu dagang jeung juru parkir, atuh copét baé kacida maréma. Lamun mah ditalungtik, panghasilan copét salila dua minggu saméméh lebaran nérékél naék. Aya lulucon samodél kieu di masyarakat, nalika pasar maréma ditutup, para copét loba anu ngarahuh, pajarkeun téh panghasilan turun drastis!

Ngan masih mending copét mah, maranéhna boga panghasilanna téh kudu milu paséréd-séréd, aya ogé kelompok nu ngan saukur sila ipis, tapi meunang leuwih jeung bati ti pasar maréma. Da asa rumasa anu boga kakawasaan di éta jalan. Pamaréntah ogé jigana teu dirérét ku maranéhna mah.

Pasar maréma jadi fénoména sosial anyar dina mangsa harita, ti taun 90-an katompérnakeun nepi taun 2010-an. Masyarakat paséréd-séréd teu jadi sual, biasa baé. Ngan nalika produksi motor beuki mahabu, kadieunakeunna mah motor bisa asup kana lolongkrang anu aya di pasar maréma.

Kaayaan jadi robah, teu “kerén” deui kawas sababaraha taun ka tukang. Kari-kari dina mangsa ka behdieunakeun mah apanan aya alesan, anu diuntungkeun ku ayana pasar maréma téh ngan sababaraha kelompok wé, ditambah béh dieu mah aya pandemi ongkoh, antukna pasar maréma bener-bener teu dibuka deui nepi ka danget ayeuna.

Jigana dina dibukana deui ogé geus pasti bakal nimbulkeun pasualan sosial anyar. Meureun bakal leuwih loba madorotna tibatan alusna, anu matak pamaréntah daérah teu jadi ngayakeun deui pasar maréma.

Keur malikeun deui kaayaan samodél baheula, keur bangsa urang jeung masyarakat ayeuna mah kacida hésé. Hal ieu dilantarankeun, di urang mah sagala rupa téh sok “kumaha engké”, lain "engké kumaha" ditambah tara asak sasar. Pajauh pisan jeung bangsa deungeun anu kasebut nagara maju, pasar tradisional, pasar mingguan, nepi ka pasar usuman ogé katata kalawan rapih jeung bareresih.

Naon sababna? Pamaréntah jeung masyarakat di nagara maju bener-bener sauyunan, antukna kasadaran téh bener-bener tumuwuh dina diri séwang-séwangan tiap jalma. Kaduana, pamaréntah ogé dina medalkeun kawijakan téh asak sasar, ngaliwatan heula panalungtikan anu jero jeung kompréhénsif.

Kayaan modél kitu téh sihoreng lain dina pasualan sosial wungkul, kaasup dina pasualan lingkungan, atikan, jrrd. Sok baé talingakeun, geus bisaeun can pamaréntah jeung masyarakat di urang mereskeun pasualan banjir?

Apanan arapal sabenerna mah, lamun datang usum ngijih dibarengan ku cuaca ékstrim anu baris tumiba nyaéta banjir jeung érosi. Ngan angger wé, kabéh ogé acan boga cara keur narékahan ku sikep prévéntif. Engké baé, lamun geus timbul balahi kakarék kabéh jalma roroésan néangan tarékah. Ku kitu téa mah teu anéh, ngaranna ogé nagara dunya katilu alias nagara anu keur meujeuhna berkembang.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Pasar Maréma (Hanca 19)"