Puasa di Lembur: Ngabeubeurang (Hanca 15)

Ngabeubeurang dilakonan ku barudak taun 80-90an antara ba’da lohor nepi ka jam dua beurang. Teu pati ramé kawas nyubuh jeung ngabuburit, sok komo lamun keur usum katiga, srangéngé manceran, panas pinas, tibatan ulin, mending ngadon cicing di imah.

Ngeunahna ngabeubeurang nalika hawa teu pati ngahéab. Ngan keur barudak lembur mah, lingkungan jeung kaayaan sisi lembur anu masih dipinuhan ku sawah jeung rupaning tangkal jadi tempat pamuruan ngabeubeurang. Sanajan keur usum katiga, hawa teu pati ngahéab teuing da kaiuhan ku tatangkalan anu laluhur.

Barudak bisa ngalakonan rupaning kabiasaan nalika di sisi lembur atawa di kebon. Ngala kasir, nyieun kaulinan kekerisan tina cucuk tangkal salak, aya ogé anu ngadon godin, aluman-alimen nalika kanyahoan ku batur-baturna, pacampur antara éra jeung rumasa. Keur ngangles, budak anu teu puasa sok ngedalkeun kalimah: “Da ceuk si ema ogé bisa puasa nepi ka lohor, da urang mah leutik kénéh!”

Sabenerna, lain budak anu can sawawa wungkul anu teu puasa jeung sok ngadon godin di kebon téh, kaasup barudak anu geus manjing rumaja, sebut baé nonoman. Tah budak anu geus dedegler kieu mah malahan tara kapalang sok wani ngajak godin ka barudak anu masih lemet, meureun sangkan aya balad, nyaéta balad keur ngalakonan nu teu “baleg”.

Barudak samodél kitu teu béda jeung lanceuk-lanceukna anu tara puasa. Lalihéy acting atawa api-apina. Biwir kawas anu garing atawa mémang digaring-garingkeun ambéh katingali kawas anu keur puasa. Beungeut ogé dipeuleuyeu-peuleuyeu kawas anu nahan lapar padahal eungap kusabab rengsé ngadahar cau sasikat.

Balik ka imah, sangkan teu kanyahoan godin ku anu jadi kolot, sok api-api lungsé, dampal leungeun dipaké ngusapan beuteung kawas anu eunya keur lapar. Dina waktuna buka tara ogé éléh ku nu puasa, langsung baé ngahabek caneuteun, kolek, goréngan, emih léor, jeung candil. Beuteung nepi ka bentelu, da sok langsung dituluyukeun kana dahar sangu. Eureuleu teurab, ngéh nyéréngéh inget kana kalakuan tadi beurang waktu godin di kebon.

Iwala ulin di sisi lembur, keur ngabeubeurang, barudak lembur ogé biasana sok arulin di hiji imah anu karasa tiis. Imah panggung atawa anu lanténa ku téhel. Imah bisa tiis kusabab tilu hal, iuh ku tangkal, tempatna sisi kebon, jeung aya balong hareupeunna.

Tah, ngabeubeurang di tempat kawas kieu mah rada aman. Barudak tara kabawa sakaba-kaba kunu sok garodin da éra meureun kunu boga imah. Kaduana, bisi kunu boga imah dibéjakeun kanu jadi kolot. Kanyahoan godin, komo budak anu geus aya umuran, geus pasti meunang persénan tinu jadi kolot, panyarék atawa paneunggeul.

Wanci kalangkang satangtung awak karék baé barudak pating laléos ninggalkeun tempat ngabeubeurang. Teu kudu dititah da geus matuh. Baralik heula ka imahna séwang-séwangan, marandi, arindit ka masigit seja ngilu pangajian anu dipindahkeun waktuna tina magrib ka ba’da ashar salila bulan puasa. Réngsé ngaji, waktuna ngabuburit sabari nungguan dur bedug magrib ditakol ku marbot masigit.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Ngabeubeurang (Hanca 15)"