Bulan puasa taun 80-an tangtu béda jeung mangsa millénnial kawas ayeuna, utamana dina nungguan waktu buka. Can mahabu TV jeung Radio FM harita mah, galura radio masih dina frekuénsi AM atawa MW.
Anu didago-dago ku barudak ti jam lima soré atawa wanci tunggang gunung nepi ka waktu buka nyaéta sora bedug jeung ngongna adzan dina radio. Galura radio sok nyetél Radio Fortuna atawa Airlangga dina frékuensi AM.
Manjing waktu buka lain sora sirene anu disada, tapi sora bedug ditakol, ngong baé anu adzan, sora mani halimpu. Kuring nanya ka abah: Saha anu adzan dina radio téh, Bah?. Anu jadi aki ngajawab: Muammar ZA.
Pantes atuh dina taun 80-an, lamun aya jalma anu adzanna rada halimpu tur ngeunaheun sok disebut Nanang Qosim atawa kawas Muammar. Kungsi aya pamilon atikan ngaranna Muammar, asalna ti NTT ngan anu jelas lain Muammar éta, komo Muammar Gaddafi mah.
Sabenerna disetélna adzan Nanang Qosim jeung Muammar dina radio lain bulan puasa wungkul. Tiap manjing waktu magrib ogé geus pasti anu ngong adzan dina radio nyaéta dua Qori Nasional éta.
Sok sanajan ku kolot dihayoh-hayoh indit ka masigit mugen ku alesan adzan can bérés, padahal bakating ku halimpu jeung ngeunah pisan baé sora muadzinna: Nanang Qosim jeung Muammar téa.
Jaman milenial geus henteu kitu, saméméh ngong adzan arék dina radio atawa masigit geus pasti anu disadakeun nyaéta sora sirene (kawas aya perang). Dina radio jeung TV ogé langgam adzan geus lain nyirikeun deui langgam nasional kawas Nanang Qosim jeung Muammar. Ampir kabéh sora adzan midangkeun langgam Mekah.
Ngan ari di masigit lembur mah, ampir tiap masigit masih mertahankeun adzan kalawan langgam khas lembur, sok sanajan jauh pisan bédana antara adzan Nanang Qosim, Muammar, jeung adzan langgam Mekah dibandingkeun adzan urang lembur. Ngan tetep baé adzan modin masigit lembur miboga ciri khas.
Contona, nalika Mang Ajang, salah saurang modin masigit Ath-thohiriyyah teu adzan, masyarakat sok pada nanyakeun: Kamana téh, Mang Ajang teu adzan? Sono-na masyarakat kana sora adzan langgam lembur tangtu sabanding jeung sono-na masyarakat kana sora adzan Nanang Qosim jeung Muammar anu kungsi jadi Qori pinunjul dina taun 70-80an.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Nanang Qosim jeung Muammar (Hanca 16)"