Ayana bedug atawa dulag di hiji masigit lain béh dieu, tapi geus aya ti mimiti Islam sumebar di wewengkon Nusantara. Bedug digunakeun ku para wali anu nyumebarkeun Islam di ieu wewengkon keur nandakeun geus manjingna wanci keur nedunan sholat fardu saméméh dihaleuangkeun adzan ku modin.
Salian ti bedug atawa dulag, kecap langgar hiji tempat anu digunakeun keur nedunan ibadah atawa ngabdi kanu Maha Kawasa mangrupa vérnakularisasi tina kecap Sanggar nyaéta tempat ibadah Kaum Kapitayan saméméh Islam sumebar di ieu wewengkon.
Hartina, Islam bisa nyebar jeung tumuwuh di Nusantara kalawan ngaheulakeun sikep akomodatif, mandar budaya jeung tradisi mangrupa infrastruktur agama. Loba pisan jasa para Wali Songo sangkan Islam bisa ditarima ku masyarakat Nusantara dina mangsa formatif nyaéta hiji mangsa mimiti Islam sumebar di ieu wewengkon.
Para wali mangrupa jalma-jalma anu geus kasipuh ku pangeweruh, heunteu sagawayah jeung sakadaék dina ngajak atawa ngadakwahkeun Islam. Teu saeutik kecap-kecap pribumi anu dicokot sangkan Islam asup kana diri masarakat bari teu karasa, contona kecap Allah dina mangsa formatif divernakularisasikeun jadi Gusti jeung Pangéran. Kecap Sholat disebut baé sembahyang, hartina ngabdi Ka Hyang.
Wangunan langgar ogé teu jauh béda jeung Sanggar, artsitéktur wangunan masigit nepi ka mangsa kiwari masih mintonkeun arsitéktur sanggar kaum Kapitayan. Ieu mangrupa tarékah ti para wali sangkan sumebarna Islam teu nimbulkeun kaayaan anu disebut cultural shock.
Laju waktu, ngoréjatna mangsa, tug nepi ka kiwari rupaning hal anu dikréasi atawa dijieun ku para Wali masih digunakeun. Contona bedug. Bisa disebut anéh lamun aya masigit teu miboga bedug. Bisa disebut malawading lamun masigit teu miboga ciri khas kanusantaraan.
Sok sanajan dina mangsa kiwari, bedug ngan biasa ditakol dina waktu sholat jumaah, saméméh lebaran, jeung diarak wanci janari leutik keur ngahudangkeun masyarakat, tapi mangrupa hal penting anu geus diwariskeun ku para wali bisa katingali nepi ka ayeuna ku masyarakat, ku urang-urang.
Ngadulag hartina ngarak bedug sabari ditabeuh, ngurilingan lembur, nepi ka asup ka gang-gang dina wanci janari, keur ngahudangkeun masarakat, ieu mangrupa tradisi salila bulan puasa anu moal kungsi dilakonan ku masarakat di nagara séjén geus ngadarah-daging di masarakat urang. Ayana ieu tradisi tangtu kusabab ayana bedigbmangrupa akulturasi antara Islam jeung kayakinan kapitayan, bisa ngahijina Islam jeung tradisi karuhun ieu kusabab jasa para wali.
Wanci janari jadi haneuteun malah kasebut ramé kunu ngadarulag di tiap lembur. Aya jalma anu ngabid’ahkeun kana ayana bedug moal pati digugu jeung didéngé ku masarakat. Ngabid’ahkeun kana hal anu geus dijadikeun hal alus ku para wali mangrupa kamandang lieur, masarakat embung dililieur ku kamandang jalma-jalma anu sarakah ku kayakinan. Katambah euweuh dalil arék naqli atawa ‘aqli anu ngaharamkeun bedug.
Sakumpulan jalma anu ngabid’ahkeun kana bedug mémang teu neuleuman sajarah kumaha sumebarna Islam di ieu wewengkon, maranéhna boga sangka saolah Islam anu ayeuna jadi agama mayoritas di Indonesia ujug-ujug aya kitu baé. Islam geus disaruakeun saperti cai kopi anu kari ngaregot.
Padahal lain kitu, Islam nyebar di Nusantara sangkan asup ka wewengkon béh jero téh merlukeun waktu 5 nepi ka 6 abad. Urang sok agul ku payung butut, saolah asupna Islam ka ieu wewengkon teu ngagunakeun cara jeung strategi? Karuhun urang dina abad ka 10 ogé apanan can ngaragem Islam kalawan rata, tapi naha diri urang ngan bisa ngukur saolah sajarah téh milik jaman urang ayeuna?
Henteu saeutik ogé jalma adigung anu nyebut yén para wali téh nyebarkeun Islam can nepi kana kamandang maranéhna ngeunaan kaislamanna, nepi ka nyebut Wali Songo mangrupa fiksi. Maranéhna teu mikir, naon sababna aki, nini, jeung indung bapana ngagem Islam?
Nyapirakeun kana jasa para wali anu jauh jeung diri urang ayeuna. Urang mah kari ngaregot cai kopi anu geus jadi, tuluy sangeunahna ngalédék ka para patani kopi jeung pabrik kopi. Akal silaing masih cageur?

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Ngadulag (Hanca 12)"