Puasa di Lembur: Ulin ka Dayeuh (Hanca 11)

Kabiasaan barudak lembur dina taun 80-90an nalika bulan puasa nyaéta ulin ka puseur dayeuh. Kabiasaan ieu biasana dilakonan dina jam 08.00 nepi ka pabeubeurang. Sok diimplik-implikan ulin ka dayeuh téh ku kekecapan itung-itung ngabeubeurang.

Ti lembur ka puseur dayeuh tumpak alat patali marga angkutan umum. Waragad anu dikaluarkeun keur mayar angkot kurang leuwih Rp. 25,-, harita sok disebut jigow (Ji Go). Saméméh aya Ramayana mah, trayék jurusan Balandongan masih ngaliwat ka Jalan Pasundan, terus ka Odéon, harita masih aya kénéh STM AMS jeung STN 1.

Ulin ka puseur dayeuh teu matuh, kumaha aya duit sésa peuting. Ngan barudak onaman, tara éléh géléng, dina teu boga duitna ogé bisa nepi ka puseur dayeuh ku cara laleumpang, kékétéplékan dina trotoar. Padahal jauhna téh 5 km.

Jumlah barudak anu ulin ka puseur dayeuh bisa nepi ka 8-10 urang. Biasana sok diluluguan ku budak anu geus sakola SMP di dayeuh. Jadi manéhna anu apal lebah-lebah jeung tempat-tempat anu aya di dayeuh. Bisa ulin laluasa, kari-kari apanan harita mah sakola ogé peré kana sabulan lilalan.

Sabenerna teu anéh, da ulin ka dayeuh ti taun ka taun dina mangsa harita mah kitu-kitu kénéh jeung ka tempat anu matuh kayaning; Capitol, Shoping, jeung King. Teu kudu mawa duit da moal jajan, apanan keur puasa. Ka Capitol ogé tara maén dingdong, cukup ningalikeun batur anu keur maraén. Anu penting panon bisa kahibur ku kariaan anu aya di dayeuh.

Tétéla, sakumaha anu disebutkeun ku Toffler jeung Fukuyama, puseur dayeuh miboga tarékah sangkan jadi tempat anu pikabetaheun, matak hélok panénjo nepi ka deungdeuleueun, antukna bisa ngondang masyrakat lembur jeung désa, jadi harayang ulin ka dayeuh. Jampé pamaké anu digunakeun ku dayeuh lain jangjawokan buhun, tapi téknologi.

Urang lembur bau lisung, sok komo anu asalna ti lembur meles, nalika nepi ka dayeuh geus pasti hélok, héran, jeung mata simeuteun ningali kaayaan dayeuh. Di lembur ngan saukur aya saung, sawah, imah panggung, bangkong, simeut, jalan satapak, jeung jangkrik. Di dayeuh mah aya wahon, béca, délman, wangunan weweg sababaraha tingkat, jalan aspal, aya tarajé bisa maju sorangan (éskalator), jrrd.

Teu anéh, barudak lembur miboga sikep adiktif dina dirina, nalika boga duit langsung ngajak batur-baturna ulin ka puseur dayeuh. Malahan, tibatan euweuh batur, lamun duit keur merekis biasana kajeun teuing neraktir babaturan, nu penting bisa ulin ka dayeuh babarengan.

Bérés lalajo dingdong di Capitol, tempat pamuruan barudak nyaéta King’s anu aya di Jalan Araha. Deukeut jeung terminal Degung. Ulin ka dinya ngan saukur ningalian kaulinan anu diusikkeun ku téknologi. Laju waktu kalohornakeun, barudak nuluykeun ka Masjid Agung keur nedunan solat lohor babarengan. Tuluy ka Lapang Merdéka.

Geus kitu, baralik, ngeungkeuy ngaraleut muru ka terminal. Sapaparat jalan dieusi ku gogonjakan nyaritakeun deui pangalaman anu karék karandapan. Babakuna bisa silih lédék duméh salah saurang budak mintonkeun sikep “kampungan” atawa dusun di puseur dayeuh.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Ulin ka Dayeuh (Hanca 11)"