
Sakola dina mangsa kiwari réa ku istilah jeung sebutan. Umpamana baé, aya anu disebut soft-skill, kamampuh basajan tapi bisa jadi hal anu nangtukeun kahirupan pamilon atikan dina mangsa ka hareup.
Ceuk sakaol, loba barudak anu teu pati pinter dina widang akademik nalika keur sakola, tapi kadieunakeunnana jadi jalma anu saksés. Ku urang lembur sok disebut “jalma berhasil”, lantaran maranéhna boga soft-skill téa.
Ari ukuran saksés ceuk jalma, jigana ti jaman Nabi Adam mula, nyaéta nalika jalma boga pagawéan anu matuh, gajih rada gedé, boga imah weweg, jeung kamana-mana teu weléh turun-unggah kandaraan. Sok sanajan, sabenerna mah ukuran “berhasil”-na jalma lain diukur kunu kararitu wungkul.
Nalika SMP, kuring jeung para pamilon atikan geus diwanohkeun kana hal anu sarua, nyaéta soft-skill téa, ngan ku sebutan anu béda. Dina mangsa harita mah, sebutanna cukup baé skill, kamampuh atawa pangabisa.
Nya pangabisa budak ngaranna ogé, geus tangtu béda-béda. Ngan hanjakal, ku kurikulum sok disakompétdaunkeun, pokona anu disebut kamampuh pamilon atikan mah, ceuk kurikulum: lamun ulangan meunang peunteun dalapan ka luhur.
Padahal, ti SMP mula, barudak geus diwanohkeun kana soft-skill téa, umpanana ku pangajaran tata boga jeung tata busana. Soft-skillna lain alakadar bisa nyieun kuéh jeung pakéan wungkul, tapi sangkan pamilon atikan miboga sikep tigin, sabar, leukeun, taliti, jeung éstétis.
Guru anu ngajar tata boga jeung tata busana nyaéta Bu Kurniati. Ku barudak sok dilandih Bu Kur. Aya ogé para pamilon atikan anu boga anggapan, Bu Kurniati judes, nalika nyarékan sok nyeletit kana ati. Nya, kanu bandel, da ka budak bageur mah tara judes, sok komo poporongos.
Sanajan barudak boga anggapan kitu, tapi keukeuh baé nalika diajar ku Bu Kurniati mah katénjo araratoh. Meureun, ceuk pikir barudak, da diajar tata busana jeung tata boga mah teu kudu capé mikir, béda nalika diajar matématika jeung fisika.
Dina semester hiji kelas dua, saminggu sakali, para pamilon atikan diajar tata busana. Atikan anu diajarkeun teu jauh béda jeung anu dilakonan ku ibu-ibu PKK di lembur nyaéta ngaput jeung nyulam ku jarum kécos.
Atikan dasarna samodél “tusuk jelujur”, “tusuk tikam jejak”, jrrd. Ngaput atawa nyulamna téh dina kain strimin, anu carang kawas saringan.
Salah saurang babaturan, ngaranna Unay Sunarya, sok maké kaos singlét carang, nepi ka ku batur-baturna sok disebut “kaos sangsang strimin”.
Nya, ngeunah jigana, nalika manéhna poho mawa atawa teu meuli kain strimin, kari nyulam baé dina kaos sangsangna.
Seméster dua mah, Bu Kurniati teu ngajar tata busana, tapi ngatik barudak sangkan bisa usukan-asakan nyaéta ku pangajaran tata boga.
Soft-skill anu diperedih dina pangajaran tata boga di antarana; kakompakan, akurasi waktu, jeung bisa ngomposisikeun rasa, olahan, sarta bahan.
Anu pang atohna dina pangajaran tata boga geus kateguh, nyaéta para pamilon atikan anu kawilang ahli leleb. Keun baé ceunah udunan tiap arék usukan-asakan ogé anu penting kadahar deui.
Ngahaja meuli buku resép kadaharan di toko kuéh jeung toko buku da hayang bisa ngolah kadaharan. Sok silih asaan, saterusna sok nyayagikeun kadaharan keur para guru.
Nincak kelas tilu, Bu Kurniati ngajar Basa Sunda ka kelas kuring mah. Béda jeung mangsa kiwari, anu disebut ngajar téh: antara guru jeung jurusan sakolana kudu liniér.
Umpamana, ngan guru lulusan jurusan Basa Sunda anu bisa ngajar Basa Sunda mah, teu meunang dicekel ku guru lulusan Penjaskes.
Tangtu baé béda jeung mangsa harita, guru Basa Sunda anu bener-bener liniér jeung jurusan paguron luhurna kacida langka. Pihartieunna mah, jumlah guru mangsa harita masih kurang.
Saterusna, bisa disebut wajar, lamun dunya atikan di urang masih katinggaleun ku nagara séjén, da masih loba kénéh anu kudu dibéréskeunnana.
Posting Komentar untuk "Guru: Bu Kurniati"