
Teu di SMA jeung di SMP, pangalaman kuring sarua, nyaéta di sakola tempat nyuprih pangarti pernah ngalaman dipupuhuan ku dua Kepala Sakola. Di SMP ku Pa Sambas jeung Pa Enoch, di SMA mah ku Bu Entin jeung Pa Vrédi.
Dina ieu seratan, kuring rék ngaguar dua pupuhu sakola nalika di SMP, nyaéta Pa Sambas jeung Pa Enoch. Hal ieu sangkan jejer anu diguar nurub cupu jeung seratan ngeunaan guru-guru mangsa SMP. Bisa baé, dina hiji waktu, guru-guru mangsa SD jeung SMA bakal diguar ogé.
Pa Sambas ngaran putuinna nyaéta R.Frederich Sambas, pupuhu sakola nalika kuring kelas hiji. Dedeganna miboga komara, kumaha sakuduna guru mangsa harita. Mimiti wanoh kana ngaranna dina lambaran béwara: “Daftar Siswa Diterima di SMP Negeri 3”, anu ditanda tangan langsung ku Pa Sambas.
Wanoh jeung apal kana dedeganna nalika méré biantara dina calagara Penataran P4. Kekecapanna tandes, dikacamata hideung, kumis ngajepat semu bodas, jeung dipika-ajrih ku guru-guru.
Geus puguh ari disebut galak mah, lain pohara. Miboga sikep kitu téh keur nartibkeun sakola, sangkan barudak ngarti kana aturan anu sakuduna digugu jeung diprakkeun di sakola.
Tiap awal bulan, Pa Sambas biasana nguriling jeung mariksa tiap kelas sabari mawa sisir, gunting, jeung réngkok. Tujuanna mariksa pamilon atikan lalaki anu buukna geus panjang. Harita aya aturan, buuk lalaki kudu rapih, teu meunang panjang teuing sok komo nepi ka nutupan ceuli mah.
Nalika asup jeung lelempangan di kelas 1.A, harita wanci tunggang gunung, Pa Sambas langsung nyukuran anu jadi babaturan. Teu apaleun, anu jadi babaturan téh salah saurang pamilon atikan, nyaéta Reni Yulianti. Ngan kusabab buuk Réni kawas Demi Moore jeung Connie Dio, disangka ku Pa Sambas mah saurang pamilon atikan lalaki anu geus panjang buukna.
Untung baé kaburu aya anu ngomong: “Réni mah istri, Pa!”. Pa Sambas langsung ngagebés: “Naha atuh cicing baé, lain ngomong ti tadi?!”. Kuring nyerat hal ieu lain arék muka aib anu jadi babaturan. Poin pentingna nyaéta, sakumaha galak jeung luhurna kalungguhan anu keur dicekel, urang tetep kudu miboga sikep asak sasar, tong getas harupateun.
Nincak kelas 2, Pa Sambas diganti ku Pa Enoch Ruchiyat. Dua urang pupuhu sakola anu mintonkeun dua pasifatan anu béda nalika mingpin sakola. Pa Enoch leuwih nénjokeun sikep kumaha sakuduna kolot ka barudak.
Paripolahna basajan, leuwih méré conto ku kalakuan, tara nénjokeun sikep abong-abong pupuhu sakola, nalika di jalan manggih runtah ogé, Pa Enoch milih nyokot langsung ku dirina sorangan, teu nitah ka para siswa.
Pa Enoch ogé sok nguriling ngainspéksi tiap kelas. Nalika aya guru mapel anu teu asup, sok dibadalan ku Pa Enoch. Dina nerangkeun rumus matématika gancang pisan kahartina, langsung nerap jeung teu dibarengan ku sabari popolotot. Hal ieu anu jadi matak barudak leuwih betah diajar jeung Pa Enoch tibatan diajar jeung guru mapel matématika.
Keur diri kuring sorangan, ningali dedegan Pa Enoch teu béda jauh jeung tokoh-tokoh nasional, umpamana Bung Hatta jeung Fuad Hasan. Teu murah jeung hambur bacot, tara poporongos, tapi nyanghareupan para pamilon atikan ku sikep tenang.
Jigana, dina pikiran Pa Enoch mangsa harita téh kieu: keun baé pancén nartibkeun barudak ku tindakan nyata mah éta cukup ku Pa Jodi baé. Pupuhu sakola mah teu kudu ngarebut garalakna guru séjén nalika nyarékan barudak.
Posting Komentar untuk "Guru: Pa Sambas jeung Pa Enoch"