Guru: Bu Fatonah



Bu Fatonah salah saurang guru SMPN 3 anu kawilang rada galak, sok komo ka pamilon atikan anu kanyahoan geus ngaroko. Sabari jebi téh, pok ngomong: “Teu resep ibu mah ka siswa anu bau belenok!”

Kana haseup roko téh nyebutna belenok. Jigana kusabab aya kolot dina waktu ngaroko sok ngahajakeun, nalika murakeun haseup ku cara nyieun pola sangkan bentuk haseup roko buleud kawas donat.

Ngan anu karasa ku kuring mah lain galakna, tapi cara jeung métodologi ngajar di kelas. Bu Fatonah tandes pisan nalika nerangkeun boh pangajaran Matématika atawa basa Inggris. Capétang jeung gancang kaharti.

Lamun diteges-teges mah, dedegan Bu Fatonah ngeplés jeung Ibu Subangun salah saurang tokoh dina film Keluarga Rahmat. Film anu biasa dilalajoan dina TVRI dina taun 80-an.

Bawélna Bu Fatonah ka para pamilon atikan lain didasaran ku sikep ceuceub jeung ambek. Anu karasa ku kuring jeung barudak mah, Bu Fatonah geus merenahkeun dirina jadi indung barudak. Ngaranna ogé indung, kanu jadi budak nya kitu, nalika budak aya dina jalan anu teu cocog jeung aturan geus pasti ngagebés ku panyaram.

Ngan anu jelas, diatik ku Bu Fatonah teu matak jadi tunduh. Anu puguh mah sumanget da dina cara cumarita jeung intonasi anu dikaluarkeunna ogé jigana nepi kana sababaraha desibel; écés jeung jéntré.

Kungsi nyaritakeun, kumaha dina cara méré hukuman ka pamilon atikan taun 80-an, meureun ka lanceuk-lanceuk kelas anu geus lulus. “Barudak anu bau belenok, jeung kanyahoan ngudud, ku Ibu mah diwewelan bako!” Pokna meni sumanget. Atuh ngadéngé kitu mah, barudak anu sok ngaroko téh langsung ngarempod.

Satengah taun saméméh EBTANAS, Bu Fatonah jadi salah saurang guru anu hantem-hanteman ngingetan barudak sangkan soson-soson dina diajar. “Ambéh maranéh bisa nuluykeun deui sakola ka nagri!”

Bener, béda antara kiwari jeung bihari. Dina taun 90-an mah sakola ka swasta kawilang rada mahal dina Uang Bangunan jeung SPP, béda jeung sakola ka negeri, waragadna teu pati mahal. Ngan tangtu baé aya sarat anu kudu dicumponan nyaéta niléy ujian anu disebut NEM kudu gedé.

Kusabab sistem pendidikan nasional (Sisdiknas) robah, kiwari mah teu kitu, anu ngaranna dunya atikan sakuduna geus bener-bener gratis. Tapi, kiwari ogé sakola swasta mah masih aya kénéh anu nerapkeun aturan waragad jeung bayaran bulanan jeung bangunan ka pamilon atikan. Alesannana keur nyumponan operasional sakola anu teu cukup ku ngandelkeun hibah ti pamaréntah (BOS).

Hal anu mindeng diucapkeun ku Bu Fatonah mangsa harita karasa pisan tug nepi ka kiwari. Jadi jalma kudu jujur, diajar sing matuh, ka kolot jeung ka guru kudu hormat. “Éta pisan jimat anu kudu dicekel pageuh salila hirup ku maranéh!”

Posting Komentar untuk "Guru: Bu Fatonah"