Guru: Pa Ojak



Pa Ojak salah saurang guru di SMPN 3 Sukabumi anu kungsi ngajar IPS, utamana Sajarah. Ngaran pituinna Drs. Abdul Rozak. Iwal ti ngajar IPS, Pa Ojak ogé dibéré pancén séjén, nyaéta jadi Wakil Pupuhu Sakola.

Ceuk ukuran harita mah, Pa Ojak bisa disebut guru anu bageur. Da dina nyarékan pamilon atikan ngan saukur ku ucapan atawa verbal, malahan sok tuluy dibarengan ku heureuy.

Teu dina keur seurieus atawa nyalsé, keur ngajar atawa henteu, kabiaasaannana teu weléh heureuy jeung élég baé.

Dina nerangkeun sajarah sok dibarengan ku pepeta jeung sabari nyontokeun kumaha réngkak paripolah tokoh anu dicaritakeun.

Umpamana, dina nyaritakeun para pahlawan jeung pajoang, Pa Ojak geus pasti metakeun kumaha cara leumpang jeung réngkak paripolah pahlawan. Ku cara kitu, para pamilon atikan saolah bener-bener dibawa ka alam mangsa harita.

Kuring sorangan apal kecap Jepang, Belanda, Spanyol, jeung Portugis boga papanjangna téh nalika Pa Ojak nerangkeun sajarah mangsa kolonial.

“Spanyol téh hartinya, sipatna mémang konyol,” ceuk Pa Ojak ditémbalan ku pating séréngéhna barudak. Duméh nyebut kecap “konyol”-na téh sabari kunyam-kenyom.

“Portugis, popolotot rakus tur bengis!” Pokna deui sabari jebi. “Tah ieu Belanda, belegug jeung deleka!” sabari metakeun saurang tangtara Walanda, leumpangna rarampéolan, teu mintonkeun lamun tangtara mah biasana dedeganna gagah boga komara.

Ceuk Pa Ojak, anu paling telenges jeung kejem mah tangtara Jepang. Sok sanajan disebut tangtara katé tapi garalak, sok rumpus-rampas hasil tatanén, kebon jeung sawah ogé dirampog ku si katé mah.

“Jepang ngaranna ogé, papanjangna tina kejem pangpangna!” Pokna deui teu bisa nyumputkeun rasa kaceuceub.

Ka sakola sok tumpak motor Vespa. Sorana dodorotdotan, jigana lamun masih aya kénéh mah, éta motor bakal pada muru ku para koléktor.

Setélan anu biasana digunakeun nyaéta baju safari. Henteu béda jeung manteri mangsa Orde Baru, maraké baju safari warna abu-abu atawa bulao ngora.

Bener-bener serieusna Pa Ojak ngan dina keur jadi pembina upacara. Sabab, dina hiji mangsa, nalika keur upacara aya salah saurang pamilon atikan katingali teu daék cicing, ku Pa Ojak langsung ditunjuk sabari dicarékan.

Gantawang Pa Ojak ngambek, “Manéh teu boga jiwa nasionalis!”. Atuh, budak anu dicarékan ngabati culang-cileung reuwas campur éra.

Nalika kuring rék réngsé sakola di SMPN 3, Pa Ojak dimutasi. Dipindahtugaskeun ka SMPN 6 Sukabumi. Mutasi mangrupa hal wajar.

Da lamun teu salah, di sakola anyarna ogé Pa Ojak nyekel kalungguhan jadi pupuhu sakola. Ti saprak harita, kuring can kungsi panggih deui nepi ka Pa Ojak dipundut ku Anu Maha Kawasa.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Ojak"