Caah déngdéng ngan aya dina wacana jeung alam pikir barudak generasi X jeung Y dina taun 80-90an. Duméh sok dijieun salah sahiji jurus andelan nalika suiten. Anu kabayang ku barudak mangsa bihari, caah déngdéng téh cai anu pohara ngagulidag, teu hujan teu angin, susukan ujug-ujug caah, séah mawa rupanin sarah jeung catang tatangkalan.
Enya, ngan aya dina alam implengan. Barudak satepak, mana aya anu apal kawas kumaha anu disebut caah déngdéng. Anu apal téh caah biasa wé, nalika hujan turun ngagebrét jeung rada lila meueusan, susukan di lembur pinuh ku cai, tara limpas ka jalan sumawona minuhan pilemburan. Ngamalir baé nepi ka Cimandiri.
Di wewengkon séjén ogé sarua jeung di urang. Balahi anu disebut hidrométéorologi kayaning banjir, caah déngdéng, jeung longsor mangrupa kajadian anu arang jeung langka. Banjir umpana, lumangsungna téh di kota-kota gedé samodél Jakarta. Ngan bisa dilalajoan dina tivi atawa maca dina koran. Komo deui longsor jeung caah déngdéng mah, teuing kawas kumaha jirimna ogé asa teu apal harita mah.
Hujan téh dina mangsa harita mah diarep-arep jeung dipénta ku balaréa. Halodo rada lila meueusan ogé, umat Islam anu aya di lembur sok langsung nedunan salat Istisqo di lapang atawa di sawah, sangkan Gusti Alloh gancang-gancang nurunkeun hujan keur nyaian sawah jeung kebon.
Nalika breg hujan turun ogé teu dibarengan ku gegebegan palaur hujan jadi mamala atawa balahi. Hujan éstuning dibagéakeun ku suka bungah, masyarakat loba anu mirun seuneu sabari mubuykeun sampeu kana hawu.
Atuh dina banjirna ogé, can kungsi pilemburan kakeueum nepi ka semet mumuncangan. Malahan, nali ka hujan ngagebrét nakeran, barudak saruka bungah, nyieun rarakitan tina gebog cau, tuluy papalidan, aya ogé anu ngaradon kukucuprakan dina cai leuncang, sawaréhna ngubek kulah masigit anu ngadadak pinuh metung ku cai nepi ka sisi-sisina. Aya ogé anu ngadon sosorodotan di buruan jeung lapang.
Kiwari, tempat cicing atawa padumukan beuki ngaleugaan jeung terus nambahan. Saimbang jeung beuki mahabuna jumlah padumuk di hiji wewengkon. Susukan didak, ditalud, tuluy ngaheureutan. Jalma boga anggapan, yén pangwangunan moal jadi matak datangna balahi dina mangsa ka hareup.
Leuweung anu sakuduna jadi tempat neundeun cai, ku jalma sarakah digundulan, villa jeung wangunan anu weweg diadeugkeun dina mumunggang gunung anu sakuduna haram dilakonan. Jalma-jalma saruka bungah dina usum halodo di tempat-tempat anu dijieun pikabetaheun. Tapi sabenerna, éta pisan anu jadi matak timbulna balahi di beulah hilir.
Geus puguh dina masalah méréskeun pasualan runtah mah, tug nepi ka danget kiwari, pamaréntah jeung masyarakat modérn can boga tarékah anu jitu. Ampir unggal isuk runtah geus mancawura di jalan, minuhan susukan, jeung dianggap jadi hal lumrah ku masyarakat.
Anu sakuduna, pamaréntah jeung masyarakat téh geus waktuna mikiran kumaha carana dina nyanghareupan alam modérn, bangsa urang masih kénéh ulukutek dina mikiran kumaha carana méréskeun pasualan anu dilantarankeun ku runtah.
Dina mangsa kiwari, balahi saolah euweuh eureunna niban ka bangsa urang. Cik kénéh kaalaman ku Sumatera, terus Kalimantan, malahan di wewengkon sorangan ogé, Sukabumi, ampir tiap hujan rada lila, aya baé taneuh anu longsor megatkeun jalan utama anu ngahijikeun sababaraha wewengkon.
Anu jadi pasualan, naha hujan anu sakuduna mawa berkah jeung diarep-arep turunna kawas baheula, kiwari malah disanghareupan ku sikep degdegan jajantung jeung rasa kapaur jadi banjir jeung caah déngdéng?
Jawabanna, alam bakal méré naon baé ka sakabéh jalma dumasar kana naon anu geus dilakonan ku jalma. Mun jalma méré haseup jeung polusi ka alam, alam bakal males ku hawa panas anu disebut “global warming”.
Kieu deui, nalika jalma méré binih tangkal ka ieu alam, geus tangtu bakal diwales ku hawa tiis. Dina usum ngijih, cai bakal diseuseup ku taneuh, diteundeun dina akar tangkal, keur bekel manusa dina mangsa usum katiga.

Posting Komentar untuk "Balahi Kiwari"