
Basa Inggris mangrupa salah sahiji mata pelajaran anu mimiti diwanohkeun pa para pamilon atikan nalika di SMP. Malah ti tingkat ieu pisan, Basa Inggris jadi salah sahiji mapel anu diujiankeun dina EBTANAS.
Kasang tukangna ieu mapel diwajibkeun aya di sakola di antarana aya anggapan yén Basa Inggris mangrupa lingua-franca atawa basa panganteur dunya. Jadi, nalika urang ilibiung gaul jeung masyarakat dunya, saheunteuna –sangkan komunikasi éféktif– kudu bisa ngomong ku Basa Inggris.
Keur anu aya di lembur ogé, nalika hiji jalma mampuh ngomong saeutik-saeutik jeung ngarti kana kecap-kecap umum Basa Inggris bisa disebut “gaya” budak gaul. Kari-kari dina mangsa SMP pisan mimiti sumebarna wésternisasi ngaliwatan lagu. Budak anu geus sakola di SMP, kudu bisa ngalagu atawa nyetél lagu-lagu Barat.
Kelas hiji SMP jadi lolongkrang keur diri kuring jeung pamilon atikan séjénna dina mimiti mikawanoh kana Basa Inggris. Di SMP Negeri 3, guru Basa Inggris anu kungsi ngajar kuring di antarana Bu Hetty, Bu Yuliana, jeung Bu Fathonah.
Nya, ku ukuran harita, éta tilu urang guru téh bisa disebut bageur, sakapeung bisa disebut galak ogé, kumaha dibawana. Ka siswa anu bageur nya bageur deui, sumawona ka pamilon atikan nu rada lengger mah biasana –sok komo Bu Fathonah– bisa nepi ka molotot jeung ngagantawang nyarékan lak-lak dasar, nepi ka pamilon atikan anu dicarékan peupeureudeuyan.
Kelas hiji, kuring jeung babaturan asup sakola téh bagéan beurang, réngsé lohor. SMP Negeri 3 harita keur dirénovasi. Alaesan kadua, kelasna ogé apan digunakeun ku para pamilon atikan SMP Negeri 8 anu mangsa harita gedong sakolana keur diwangun kénéh. Malahan, lolobana guru SMPN 8 mah masih guru SMP Negeri 3.
Asup sakola beurang aya untung jeung rugina. Untungna, isuk-isuk bisa lalajo heula TPI, anu mana salah sahiji calagarana nyaéta midangkeun pangajaran Basa Inggris, jeung pangajaran lianna. Atuh rugina, kusabab balik sakola jam lima pasosoré, antukna teu bisa ulin deui saméméh wanci tunggang gunung kawas mangsa keur masih sakola dasar.
Guru anu ngajar kelas hiji nyaéta Bu Hetty. Kitu didikna nalika keur kuliah meureun, anu ngaranna guru Basa Inggris mah nya kudu mintonkeun komara kumaha sakuduna Guru ti Éropa, maké setélan anu pantes, teu formal teuing kawas guru séjén.
Kuring masih inget nalika Bu Hetty nanya: “Ini apa?” sabari nunjuk kana gambar cau, nya kusabab kuring geus diajar wantéran salila penataran P4, kuring ngacung sabari ngomong: Banana.
Sihoréng, kusabab apal kana Basa Inggrisna Banana téh, loba barudak anu boga anggapan kuring budak anu bisa ngomong Basa Inggris. Padahal, kuring sorangan ngan apal ngaran-ngaran bungbuahan téh duméh tadi téa, kungsi lalajo pangajaran Basa Inggris dina TPI, lain kusabab lihéy, sok komo jagoan mah.
Iwal ti éta, pangajaran Basa Inggris ogé sabenerna kungsi dipintonkeun dina galura TVRI ku présenter Anton Hilman jeung Nisrina Nur Ubay. Kuring sok melong jeung olohok ngembang kadu ngalajoan anu casciscus ngomong Basa Inggris. Kaduana, Basa Inggris ogé lain hal anéh, da film-film barat anu dipintonkeun dina televisi téh ngaromongna ku Basa Inggris.
Bu Hetty sok disebut guru judes, sok sanajan teu kitu sabenerna mah. Judes téh ka barudak anu badeur. Da dikumaha-kumaha ogé, anu ngaranna guru mah hayang pisan pamilon atikan téh palinter jeung ngalarti kana tiap jejer pangajaran anu ditepikeun jeung ditépakeun. Moal aya guru anu ujug-ujug ngadat sabari hahaok, iwal ti guru gejul.
Bu Fathonah ku kuring moal dipedar dina ieu seratan, urang pisahkeun baé. Anu karasa ku kuring mah, pangajaran matématika anu bener-bener jadi domain atikan Bu Fathonah mah. Cindekna, anu ngaranna guru mangsa harita ditungtut kudu Polymath (polimatik), ngawasa jeung wanoh kana rupaning pangarti, itu bisa ieu bisa, lain saukur bisa ngajar hiji widang atikan wungkul.
Bu Yuliana mah ngajar Basa Inggris waktu kuring nincak kelas tilu. Métodologi ngajarna kawilang teu biasa, leuwih meredih siswa sangkan museurkeun kana naon anu dibaca atawa lamun ceuk barudak kiwari mah “listening”, ari “reading” atawa maca mah rata-rata pamilon atikan kelas tilu bisa disebut geus rada meueusan barisa, kecap “You” téh bener-bener dibaca “Yu” lain “Yo”.
Teu galak teuing kawas bu Hetty ceuk barudak mah. Perwatekannana nyalsé dina ngajar barudak. Teu meredih barudak kudu beber-bener bisa, da ceuk Bu Yuliana kénéh: “maranéh geus rék jadi rumaja”, hartina tiap léngkah jeung paripolah bakal balik deui ka dirina séwang-séwangan. Atuh ngaranna ogé kelas tilu SMP, geus bisa ngaluis jeung balaham-béléhém ka lawan jinis.
Ngan kusabab Basa Inggris mangrupa mapel anu diujiankeun, jadi dina sabaraha bulan lilana, barudak kelas tilu antukna diperedih ogé sangkan miluan “pengayaan” sakabéh mapel anu diujiankeun kaasup Basa Inggris. Atuh, diajar ku Bu Yuliana ogé jadi nambah jam-na.
Geus 30 tahun lilana ti saprak paturay tineung SMP Negeri 3, kuring ngan sababaraha kali papanggih jeung Bu Hetty saméméh tilar dunya. Tah, jeung Bu Yuliana mah, kuring panggih téh bieu pisan pasosoré di salah sahiji toko fotocopy. Teu ngahaja, ngan kajadian anu teu dihaja ieu jadi salah sahiji cukang lantaran, kuring nuluykeun deui seratan-seratan ngeunaan para guru SMP anu kungsi katunda genep bulan lilana.
Posting Komentar untuk "Guru: Bu Hetty jeung Bu Yuliana"